Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    miang, Batulayang henteu adoh, gancang bae lamar penta ka bapana.
  1. Pipokeun teh dawuhan kaula kituh, omat singkabawa, bapana ge ajak bae, mun kabawa Patih teh meunang ganjaran.
  2. Pameulina yeuh duit bawa ka ditu, tah saratus real, papakean nu harade, sadiakeun sing cukup sapuratina.
  3. Dawuh Dalem mung ewed dina teu tumut, henteu diwidian, reh parantos nguping wartos, moal lami rek ditikah ku wargina.
  4. Kangjeng Dalem melengek barang ngadangu, ceuk emutana, kapusing jol deui bae, palang siang nu geulis moal kabawa.
  5. Ah eta mah montong rek dipake bingung, tong jadi halangan, karek ge jadi bebene, geus kawin ge dipaksa kudu kabawa.
  6. Saupama teu dibikeun tur teu nurut, ku andika paksa, sanajan nepi ka getreng, cindekna mah geus jadi tugas Nagara.
  7. Ceuk Ki Patih, abdi Dalem seja ngestu, rek ngemban dawuhan, sanajan kumaha oge, anu tangtos seja ngambangkeun timbalan.
  8. Sajeroning nyebatkeun sumuhun dawuh, dina manahna mah, hemar-hemir mangen bae, kaingsisna paur teu bisa nyaosan.
  9. Kangjeng Dalem anu tangtos meureun bendu, kumaha akalna, sangkan bisa beres roes, ieu tugas beuratna luar biasa.
  10. Kangjeng Dalem manahna parantos maphum, kana mo bisana, ngabandang Den Saribanon, ku kituna Patih rada diseukseukan.
  11. Naha Patih andika jiga nu bingung, atawa hoream, dipiwarang ka dinya ge, henteu anggang ngan ukur ka Batulayang.
  12. Ki Patih teh calikna mendeko tungkul, hanteu ngawalonan, ngan ngabetem cicing bae, jigana mah rek boboleh
43