Ieu kaca geus divalidasi
- hese kedal.
- Mun andika sorangan ngarasa paur, bawa kapan, Suranangga jago kolot, pibatureun pangreugreug keur tameng dada.
- Kula yakin yen manehna jalma luhung, nu baris bela, anu leber ku wawanen, tur satia ka anu jadi dunungan.
- Jeung ayeuna gancang geura urus-urus, prak sasadiaan, bawaeun barang nu hade, keur isukan ngalamar ka Batulayang.
- Tigas dawuh abdi Dalem seja mungkur, ngambangkeun timbalan, hibar pangdoana bae, muga-muga ginanjar kawilujengan.
- Sajeroning Ki Patih nyanggupan kitu, henteu weleh rempan, mungguh carek hatena ge, pangersana Kangjeng Dalem anu lepat.
- Sarta lain putra si eta si itu, puguh putra menak, ti rundayan Ukur keneh, Saribanon geus kagunan papacangan.
- Arek magak da tangtu moal digugu, kumaha benduna, mangkaning adatna awon, Kangjeng Dalem ka nu mondah gancang wera.
- Mun geus bendu matak gigis nu diutus, jaba ti nyeuk seukan, estuning sok tunjuk rorek, malahan mah Kapaur inggis nanganan.
- Ceuk pantun mah Kangjeng Dalem lamun bendu, estu ngulit bawang, ngagantawang poporongos, biasana sakecap kadua gobang.
- Eta kitu panganggo menak kapungkur, mung teu sadayana, ngan Bupati Suta bae, da puguh ge ukur menak pupulasan.
- Lain menak terahing Ratu pinunjul, rembesing Kusumah, menak gede nu saroleh, Sutapura beuki tembong tambagana.
Magatru
- Kacaturkeun kira-kira wanci subuh, geus angkat ragan Patih, Batulayang nu dijujug, nitih kuda rawun putih, disa-