Ieu kaca geus divalidasi
- Nya eta nu matak pusing, bongbolongan can katoong, upama henteu digugu, inggis batan maut hinis, rempan manan mesat gobang, sok tada teuing werana.
- Mung abdi Gamparan yakin, ku emutan najan abot, tangtos moal aya tungtung, mo wera Kangjeng Bupati, bijaksana nu kateda, wibawa Dampal Gamparan.
- Kalihna Kangjeng Bupati, hamo manahna ngadolos, bmantenna surti linuhung, teu aya hiji lalaki, anu nyebakeun bojona, estuning ku pamohalan.
- Tah ieu nu jadi pikir, kumaha engke nya ngomong, nyaur leuleuy henteu bendu, bubuhan Patih binangkit, bari gumujeng marahmay, linggihna edeg edegan.
- Matak bingung can kapikir, rek maksa asa ku abong, henteu maksa tangtu luput, mulang hamo mawa hasil, mangkaning dawuhanana, kudu kairingkeun pisan.
- Raden Ukur seuri leutik, anjeunna pok cumarios, sumuhun dawuh kasuhun, kana kajembaran galih, kumaha Dampal Gamparan, nguping manahan pangersa.
- Mung upami keukeuh narik, bade maksa kapun bojo, ka Dayeuh bade digusur, maksa mirusa jeung bengis, tinangtos abdi Gamparan, ngabela hak kahormatan.
- Patih teh lepat panggalih, ka Cutak morongos mencrong, socana molotot hurung, pameunteu beureum jejebris, kagungan raos ditangtang tur dihina ku bawahan.
- Mangke kaula kudu rintih, Wangsataruna bet songong, ngomong teh sadaek ingsun, caluntang ngan asal miwir, kawas lain ka dunungan, handap lanyap bari nangtang.
- Sanes kirang tata-titi, kumawantun jeung comenos, rek ngalawan ka Pangagung, pamugi jadi tingali, nu disanggah lampah salah, parentah sawenang-wenang.
- Estu sumangga teh teuing, saupamina pun bojo, puruneun kalayan tumut, ka Dayeuh daekeun ngiring, nyanggakeun ayeuna candak, moal pisan kaabotan.
- Entong seueur nu digalih, pun bojo enggal parios, ku Dampal Gamparan saur, puruneun henteuna ngiring, abdi Gamparan tumamprak, mung pamugi tong dipaksa.
48