Ieu kaca geus divalidasi
- Ku tina bawaning pusing, ambek nyedek mani ngangsog, ngan gejlig bae ka payun, teu ngahiding nu caralik, ngagentraan Suranangga, nu ngantosan di buruan.
- Suranangga maneh ngarti, pati urang balik nyamos, sabab pamundut Pangagung, Saribanon enggeus kawin, ditahan ku salakina, cing kumaha lampah urang.
- Suranangga larak-lirik, sarta nyolongkrong ka jero, di tepas payun gek diuk, dulak-dilak muril kumis, jiga nu keur ngagigila, ka Cutak Wangsataruna.
- Ku emutan matak isin, kaduana matak awon, saupami teu kabantun, nu geulis Nyi Raden Sari keur naon abdi Gamparan, disebatna kapetengan.
- Abdi Gamparan teh pasti, upami Den Saribanon, hen- teu kairing kabantun, najan kedah perang tanding, dibelaan pecah dada, tinimbang henteu kabandang.
- Cutak anom imut manis, ngadangu omong buraong, mun nu sanes tangtu bendu, ieu mah bet imut manis, bari neuteup Suranangga, nu diuk edeg-edegan.
- Ki Sura bagea sumping, kuring teh ngarasa sono, ayeuna patepung lawung, hanjakal bodo teh teuing, bosongot bade amprotan, daek jadi kapetengan.
- Memangna ge da kaharti, sangkan anjeun teh kaanggo, tur. dipuji ku Pangagung, kudu daek bela pati, kajeun teuing dina salah, teu ngingetkeun balukarna.
Pangkur
- Kapetengan Suranangga, ngadengeeun kasauran Dipati, manehna asa kasundul, ngarasaeun dihina, jol-jol nyeuneu bari nyentak kukulutus, tutunjuk bari jeung ngancam, ngawakwak mata buncelik.
- Ngomong teu diungang-ungang, boro bae siga jelema lantip, nyarita kawas geus napsu, letah-henteu tulangan, ngaweweleh estuning sadaek ingsun, geus wani ngahina basa, utusan Kangjeng Bupati.
- Kami saumur dumelah, kakaraeun manggih nu
49