Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    kumawani, nu murugul gede hulu, ngomong lancang caluntang, geus ngawada kana kapalay Pangagung, jiga nu hayangeun nyoba, kasakten ti diri kami.
  1. Raden Ukur sasauran, gentra leuleuy bari jeung imut manis, lantip teu jiga nu bendu, atawa anu cua, kapetengan sabar engke heula atuh, ulah ujug-ujug bedang, ka dieu urang badami.
  2. Ti payun neda hampura, tur paralun sanes rek kumawani, ngahina basa Pangagung, atawa ka Utusan, kitu soteh nyaluyuan sapisaur, pamadegan ti sampean, anu bieu geus kakuping.
  3. Ki Suranangga pok nempas, tur omongna sampean teh sing ngarti, ulah goreng omong kitu, mending ge ayeuna mah, Enden Sari heug sanggakeun ka Pangagung, lamun make jalan eta, tangtu urang repeh rapih.
  4. Samemeh kula ngajawab, pamandangan ti sampean nu tadi, kula rek naros ti payun, kumaha mun sampean, pamajikan dipikahayang ku batur, ahirna tuluy dipenta, naha sampean teu nyeri.
  5. Naha geuning kikituan, handap lanyap make ngabanding-banding, tong nguruskeun awak batur, gancang geura pek jawab, kula menta ragakatineung sing puguh, lain rek ngadu carita, sampean kudu sing ngarti.
  6. Kapetengan tembong gerak, diukna ge rada ngesod saeutik, muril kumis bangun nguntup, ngagilirkeun gobangna, ngomong deui bari teu lesot tutunjuk, maksudna mah ngagigila, nyingsieunan ka Dipati.
  7. Kieu bae ayeuna mah, sampean teh milih salah sahiji, kumaha naha rek nurut, atawa arek baha, mun rek nurut gugu kapalay Pangagung, mun moal pasti bahaya, geus tangtu nyandang tatali.
  8. Cutak Anom sajongjongan, teu nyarios soca mencrong ningali, ka Suranangga nu angkuh, sanajan anu sabar, ngadangueun Omongan nu model kitu, sabar ge aya watesna, ari geus teuing jeung teuing.
  9. Cepil raos disebitan, manah ngentab benduna liwat
50