Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    salambar teu busik, manehna heran, mangsar-mingsir rek ngacir.
  1. Raden Ukur nyaur jeung bear marahmay, seepkeun sing beresih, bisi panasaran, hayoh Mas kapetengan, teh eta ayeuna ganti, gobang nyulangrang, lugas keur tanding deui.
  2. Suranangga serepet mesat gobangna, tuluy dialak-ilik, prak diabar-abar, sarta dihumbat-heumbat, maksudna mah meureun mancing, keur ngagigila, musuhna sangkan gigis.
  3. Den Ukur mah tagen teu mundur salangkah teu pisan gigis miris, nu narenjo reuwas, loba nu ngaroceak, awewe pating jarerit, nenjo gagaman, nu ngabar mani lancip.
  4. Komo deui garwana jeung mertuana, pareureum bari nangis, bawaning baluas, mareumpeunan socana, inggis nu dipikaasih, apes kasoran, pupus di medan jurit.
  5. Raden Ukur geus gilig bade ngayonan, tagen taya kagimir, palayeun uninga, wewesen kapetengan, raksukanana digiling, meubeurkeun sinjang, pageuh dibulat-beulit.
  6. Pakarangna mangrupa badi pusaka, na angkeng teu ditolih, ceuk emutanana, moal rek ngabinasa, sanajan musuh nu bengis, tetep karunya sugan heug jadi eling.
  7. Suranangga heat nyabetkeun gobangna, ngahiuk mani tarik, ngarah mastakana, mun keuna tangtu beulah, tapi memeh gobang tepi, mani sakilat, pigeulangna ditarik.
  8. Ditarikna bari dicentok meueusan, rikat nyingcet kagigir, clik gobangna ragrag, lajeng mundur salangkah, Raden Dipati ngalahir, kop cokot gobang, bisi rek nyoba deui.
  9. Hemar-hemir kojengkang nyokot gobangna, Suranangga teh gasik, heat deui nilas, hantem dibabuk lalay, angkengna anu diijir, nu satakerna, sangkan musuh lastari.
  10. Raden Ukur teu balangah rikat luncat, sarta nyingcet saeutik, gobang henteu keuna, teu antel-antel acan, tarik-tarikna ngabanting, Ki kapetengan, ngoleweng rek tiguling.
  11. Keur kitu teh ku Raden dijejek pisan, bru labuh mani nunggir munggah kokosehan, bari haharegungan, nu lalajo ger sareuri, eak-eakan, lir nu nongton kamedi.
  12. Suranangga ngadenge nu susurakan, ngulisik hudang
55