Ieu kaca geus divalidasi
- deui, Raden Ukur rikat, kek dicepeng pundukna, digusur jeung ditatarik, teras diangkat kokoceakan ceurik.
- Dijungjungkeun terus digejretkeun pisan teu bisa nangtung deui, henteu walakaya, lir kapas kaibunan, leuleus lesu tulang sandi, asa pasiksak, usik malik nyareri.
- Padahal mah teu bancunur henteu babak, teu cecel boncel kulit, henteu ditandasa, sok komo ditanganan, ieu mah nyata ajaib, luar dugaan, nu nongton rame seuri.
- Lebah dieu ngancikna kasantikaan, wewesen elmu gaib, dayana Ki Sunda, tapi teu kamagungan, boga rasa ieu aing, nu gagah rongkah, tetep budina lantip.
Kinanti
- Suranangga teh ngudupung, leuleus leumpeuh henteu budi, wiwirang di kolong catang, wewesenna henteu mahi, ngajoprak di pakalangan, di medan jurit katitih.
- Sanduk-sanduk menta ampun, bari rawah-riwih ceurik, jeung acong-acongan nyembah, ngomong leuleuy henteu bengis, basana sadaya-daya, mugi agung sih haksami.
- Nyanggakeun sewu bebendu, pati hurip jisim kuring, kumambang kana pangersa, moal kumawantun deui, campelak lukak japakan, nurutkeun napsu idajil.
- Enggalna ku Raden Ukur, leungeunna di cepeng deui, dijungjungkeun lalaunan, jurungkunung nangtung deui, ngaleper kurang tanaga, luak lieuk tamba isin.
- Kaula ngucapkeun nuhun, andika babalik pikir, hate iklas dihampura, ti lahir nepi ka batin, hayu bae ayeuna mah, jeung juragan Patih dami.
- Sanggeus didawuhan kitu, ngadak-ngadak jagjag deui, tuluy ngiclik lalaunan‚ ngiringkeun Raden Dipati, tungkul teu daekeun dangah, teu saperti memeh tanding.
- Caralik di tepas payun, sadaya ngariung deui, Cutak sepuh oge aya, Ibuna jeung Enden Sari, ngayakeun babadantenan, sangkan beres repeh rapih.
- Ti payun anu misaur, nya eta juragan Patih, pasemon kawas baluas, katambih rempan jeung risi, inggis aya nu
56