Ieu kaca geus divalidasi
- rah, salira munggah ngagidir.
- Raosna asa dihina, tur diunghak ku Cutak pangkat leutik, sanajan basana alus, katampina nyindiran, turta nyeu seul ngesek-ngesekkeun Pangagung, wani magak kapalayna, nepi ka teu aya aji.
- Lugay tina panglenggahan, jalang-jeleng jeung pandalak-pundelik, socana molotot hurung tutunjuk jeung hohoak, saurna teh Wangsataruna geus linglung, teu boga rasa rumasa, aya di Wilayah aing.
- Andika teh geus cucungah, jeung Campelak lukak japakan teuing, dasar jelema belegug, tong sambat kaniaya, seug rasakeun pamales hukum Pangagung, kaula anu kawasa, bari ngagupay ka Mantri.
- Mantri Jero geura gancang, eta jalma bangkawarah teu eling, jeung atah warah murugul bawa ka pangberokan, mun ngalawan sok komo nepi ka mabur, pek gunakeun gulang-gulang, pergasa sasuka ati.
- Sakalian pek laporan, heug bejakeun ka Jaksa carek kami, eta jalma nu murugul, supaya ditibanan, ku hukuman nu beurat teu meunang ampun, enggeus tetela dosana, baha ngalawan Bupati.
- Raden Ukur teu ngalawan, mesem imut anjeunna pok wawarti, abdi Dalem seja tumut, nampi kana pangersa, nu teu mengpar tina ugering Yang Agung, patokan Agama Islam, tetekon Kaom Muslimin.
- Sinareng deui hukuman, abdi Dalem tumamprak seja nampi, kalayan dijungjung luhur, rela sinareng iklas, saupami nganggo dadasar nu jujur, anu adil palamarta, timbangan suci beresih.
- Pangulaan enggal nyentak, jeung tetenjrag soca mani buncelik, saurna jelema burung, ku Mantri geuwat bawa, tong diantep jelema nu weureu gadung, kami teu sudi nenjona, ngomongna ngaco teu uni.
- Mantri Jero cedok nyembah, lajeng mungkur ti payuneun Bupati, bari noel Raden Ukur, sangkan bareng ka luar geus di latar Ki Mantri jiga ngalamun, rundag-randeg pok nya-
66