Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    rita, ka Raden Ukur wawarti.
  1. Adi Cutak sing wayahna, ayeuna mah ka Kakang kudu ngiring, pacuan ulah rek bingung, sok komo asa-asa, pek jalankeun kapalayna ti Pangagung, supaya teu matak bahla, nu matak wirang jeung nyeri.
  2. Pamuga teu rengat manah, mung abdi mah moal tiasa ngiring, upami kedah ditutup, lebet ka pangberokan, ayeuna mah pamit bade teras wangsul, rek mulang ka Batulayang, saur Raden imut manis.
  3. Mun kitu mah atuh salah, tangtu Kakang nu dianggap ngahiji, tur dituduh geus samiuk, sapongkol jeung tahanan, kadangkala pun Engkang anu ditutup, ganti sakitan nu minggat, tah ieu nu matak risi.
  4. Omat ulah kikituan, ceuk Engkang mah rai teh kudu nampi, ka Engkang kudu sing nurut, lakonan bae heula, bilih matak ngagujrudkeun salelembur, nyusahkeun ka sarerea, mugi sing panjang panggalih.
  5. Hanas engke mun geus lepas, tanggung jawab ti pun Engkang pribadi, bade kieu bade kitu, moal rek mapalangan, ngan ayeuna panuhun teh kudu nurut, Kakang sieun katempuhan, isin ku Kangjeng Bupati.
  6. Naha naon kalepatan, anu mawi kedah bae di bui, can puguh salah dihukum, mun kieu Engkang lepat, geus nurutkeun ka na parentah nu burung, ceuk Den Ukur lalaunan, ka Mantri Jero ningali.
  7. Anu jadi kasalahan, ku lantaran mondah Kangjeng Bupati, kapalayna teu digugu, ku Rayi geus ditolak, najan kitu ka Engkang ulah rek bendu, margi darma kumawula, ngiring parentah Bupati.
  8. Leresan dieu emutan, teu merenah sanajan pangkat leutik, urang kedah bae tumut, kana lampah nu lepat, mun seug aya Pangagung anu ngaberung, pedah eukeur kumawula, urang tetep bae ngabdi.
  9. Teu kedah kapapanjangan, maksad Rai ku Engkang geus kaharti, rupina moal rek tumut, keukeuh bade ngalawan, cindekna mah ka Pangagung rek muntangul, dileuleuyan hen-
67