Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    teu beunang, meureun hayang ngadu jurit.
  1. Raden Ukur ngawaleran, dibarengan ku saur rada sengit, Rai mah parantos mutung, arek nolak pangersa, hanas Kakang bade keukeuh tur murugul, ku jalan paksa pirusa, ngiringan mangga teh teuing.

Durma

  1. Mantri Jero anjeunna raos diunghak, sinareng diwawadi, ahirna ditangtang, ku sahandapeunana, salira munggah ngagidir, manahna ngentab, soca mani buncelik.
  2. Henteu tata panangan Ukur ditewak, pageuh leuwih ti misti, peupeuteuyanana, maksudna rek ditongtak, dicentok sina tiguling, angkeuhanana, tapi Raden caringcing.
  3. Dibedol teh anjeunna teras merean, dituturkeun saeutik, bari salirana, seug diteumbragkeun bedas, kana salira Den Mantri, meneran dada, henteu pisan katakis.
  4. Puguh bae Den Mantri rubuh sorangan, geubisna meubeut tarik, guprak teh nangkarak, ngajoprak kokosehan, jigana bawaning nyeri, katambah wirang, teu enggal gugah deui.
  5. Keur ngulisik jigana meureun rek gugah, dicepeng bae gasik, palebah taktakna, diangkat lalaunan, pek dijungjungkeun saeutik, ku Raden Cutak, ki Mantri larak-lirik.
  6. Barang gugah geus ajeg deui ngadegna, teu antaparah deui, gancang mani rikat, jekok-jekok nonjokan, hulu angen nu dipilih, musuhna awas, cungcat-cingcet ka gigir.
  7. Jigana mah Mantri Jero naas pisan, tonjok anu tararik, keunana nyalahan, teu kana mamarasna, jekok deui jekok deui, kana katimang, sabukna Adipati.
  8. Mantri Jero panangan peperengkelan, mokaha bae nyeri, gorowok nyalukan, mani awong-awongan, menta tulung bari ceurik, ka gulang-gulang, bet kawas budak leutik.
  9. Mani rabul daratang ti unggal madhab, saregut tur barengis, jeung marawa tumbak, pedang mani nyulagrang, legeg jago tukang jurit, di pakalangan, rek nulungan Den Mantri.
  10. Lebet manah mo salah rek ngaraponan, ngoroyok
68