Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    awak aing, Raden henteu ngejat, mundur ti pakalangan, anjeunna lajeng caringcing, teu lalawora, dina mayunan jurit.
  1. Suranangga ti pungkur mani ngahaha-hiji, seurina mani tarik, ceuceuleukeuteukan, nyeungseurikeun dunungan, nyaeta Juragan Mantri, anu tigubrag, gera-gero tur miwir.
  2. Manehna teh inget ka polah sorangan, tetela sidik sami, keur di Batulayang, dina waktu ngayonan, ka Den Ukur dina jurit, ripuh kasoran ampir teu hudang deui.
  3. Gantawang teh ka gulang-gulang susumbar, saha nu kumawani, nangkep Raden Cutak, dewek pikeun lawanna, najan tarung beurang peuting, rek diayonan, ka dieu hiji-hiji.
  4. Diantara gulang-gulang nu opatan, aya nu rada wani, bari dulak-dilak, nyelenteng ngadeukeutan, ka Raden bari jejebris, teu lesot tumbak, geus nguntup wani jurit.
  5. Kapetengan rikat luncat bari tandang, pasemon ieu aing, kek teh newak tumbak, der rame silih tongtak, pabedol-bedol nararik, sami bedas na, Ki Sura meunang pelit.
  6. Gulang-gulang keur waktu nyentok tumbakna, Ki Sura henteu narik, malah diberena, dijengjotkeun ka handap, gulang-gulang henteu mahi, meubeut ngajoprak, teu usik henteu malik.
  7. Gulang-gulang nepi ka nangkarak bengkang eukeur mah labuh tarik, katambah sirahna, gedak teh kana cadas, ngajejer teu eling-eling, tumbakna lepas, mangpeng ka Raden Mantri.
  8. Urut geubis can leungit masih karasa, ayeuna tambah deui, kapangpeng ku tumbak, keuna kana bincurang, nyengir bawaning ku nyeri, engke-engkean, meusmeus nyabakan bitis.
  9. Raden Mantri ngagorowok beuki bedas, bari nahan kanyeri, nitah gulang-gulang, nu masih aranggang, supaya ngumpul caringcing, gancang mantuan, ngahurup maju jurit.
  10. Dararatang geus deukeut agag-agagan, hemar-hemir teu wani, ku tina kapaksa, isin ku nu miwarang, tinglalieuk tingpuringis, bareng narajang, ngaraponan Dipati.
  11. Suranagga mani rikat nyokot tumbak, tumbak nu
69