Ieu kaca geus divalidasi
-
mecleng tadi, urut gulang-gulang, Suranagga jleng luncat, teuneung ludeung aing wani di tengah tandang, ngadehem muril kumis.
- Nu rek ngudag sanajan bareng tiluan, nenjo nu muril kumis, teuneung ludeung tandang, teu wanieun narajang, rudag-randag tingpuringis, jejerih pisan, culang-cileung rek ngacir.
- Nu ditengah ku Ki Sura prak dihadang, dirapet dikukuntit, kerewek leungeunna, anu nyekelan tumbak, ditewak hantem ditarik, teu walakaya, teu bisa lesot deui.
- Keur pepeta dihantem ditampilingan, ngabangkieung nging ceurik, jeung aduh-aduhan, hayangeun ditulungan, jlebet deui jlebet deui, Sura amarah, henteu eureun naggitik.
- Gulang-gulang nu dua bareng narajang, metakeun tumbak lancip, nabruk kapetengan, nu dirontok geus luncat, nu nalubruk meh tiguling, paadu tarang, tingbangkieung rek miwir.
- Duanana tingaraduh tinggaroak, teu wani mindo deui, Mantri gegeroan, bari jeung samar rampa, jiga anu rek ngabecir, dasar borangan, risi ditubruk deui.
- Kangjeng Dalem di pungkuureun keur ngajega ngadeg dina babancik, ningali pahlawanna, kabeh kawiwirangan, saurang taya nu mahi, ka Suranagga, benduna liwat saking.
- Lajeng singkil mantenna angkat ka luar, diiringkeun ku Patih, kadua ku cutak, ti Jatiluhur tea, ka payun mencrong ningali, Pangaulaan, salirana naggidig.
- Hoe belang pahareup-hareup bukuna, ti Ujungkulon asli, harita dicandak, jadi cepengangana, ceuk beja nu paling matih, sakali keuna, cenah mo hudang deui.
- Barang sumping pajonghok jeung Kapetengan, nu keur hantem nampiling, nyehcer gulang gulang, aya payuneuna, gantawang nyaur jeung bengis, si Suranagga, tetela musuh aing.
- Mana horeng jadi kekentong si Cutak, ngajagoan ka aing, cing mun sia enya, bener wani ngalawan, tampanan panggebug aing, hoe karamat, yakin mo hudang deui.
70