Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Nyaur kitu heat ngababuk Ki Sura, untung Ki Sura telik, geus bisa kelidna, malum tukang ujungan, panggebug teu nenggel tarik, hoe karamat, keuna ukur nagaris.
  2. Ku matihna teteken hoe karamat, sanajan mung nagaris, panas karasana, Sura kapengpeongan, nyampoyong jiga teu eling, meh kapihuan tina bakating nyeri.
  3. Kangjeng Dalem ka Suranagga nyaketan, bade dipindo deui, Raden Ukur rikat, jleng luncat ngarapeutan, si karamat keur ngulawit, lajeng ditewak, pageuh teu lesot deui.
  4. Dibebetot digubag-gabig dipaksa, pageuh teu lesot deui, malahan jigana, beuki mageuhan pisan, Kangjeng Dalem najan bengis, seep napasna, mureleng ka Dipati.
  5. Raden Ukur nyeh gumuujeng sasauran, Dampal Dalem bet lali, papayung Nagara, kalungguhuan nu jembar, salira pangkat Bupati, kersa ngayonana, Ki Sura pangkat leutik.
  6. Sareng deui dupi nu gaduh dosa mah, abdi Dalem pribadi, nu nyanggh pangersa, anu parantos baha, sumangga ayena ngahiji, nu dibenduan abdi Dalem sayagi.
  7. Alah sia cucungah nepik ka nantang, ieu bisa can ngarti, kana kagagahan, sarta kadigjayaan, teu aya hiji Bupati, di sa-Pasundan, anu wani ka aing.
  8. Ieu deui henteu pira pantar sia, diangggap tai ceuli, ukur pangkat Cutak, peupeuleukeuk ngalawan, lir weureu gadung teu eling, wani campelak, rasakeun leungeun aing.
  9. Eta meureun tas ngumbara ti Mataram, nya campah kumawani, lamun bener sia, enggeus bosen di dunya, rasakeun paneunggeul aing, hoe karamat mo bisa usik deui.
  10. Ku emutan teu kedah ngahina basa, abdi Dalem lastari, ayena kasoran, ku Dampal Dalem pisan, iklas tumamprak teh teuing, kana pangersa, Pangeran Nu tingali.
  11. Abdi Dalem moal wegah moal sungkan, sumangga geura uji,anggo karongkahan, kalayan kadigjayan, meungpeung seueur nu ningali, pikeun saksina, wewesan nu pinilih.
  12. Ku bawaning teteken teu bisa lepas, teu lesot ditatarik, teu icaleun akal, Kangjeng Dalem narajang, gabrug ngarontok Dipati, matek ajian, nyepengna mani ngancing.
71