Ieu kaca geus divalidasi
- an, katingali dina angkeng, bet horeng nyandak wangkingan, nyelap dina beulitan, Raden teh mani ngaranjug, teu sangka kitu belana.
- Raden Ukur imut manis, pok nyarios ka garwana, rundat rindat bari noel, noel angkeut lalaunan, geugeut dedueuh ka garwa, Ki Mardawa mah keur tungkul, teu ningal peta dunungan.
- Euleuh kitu anu geulis, paadatan putri Sunda, singhoreng henteu katangen, lungguh timpuhi lir Sumbadra, dina seuseuhanana, tandang Srikandi nu pamuk, teu geseh ti Pitaloka.
- Pitaloka putri geulis, pupunden Galih Pakuan, Citarsemi nu kasohor, satia bela ka rama, nalika perang Bubat, timbang jeung kersa tunduk, anjeunna suka perlaya.
- Sumangga urang marulih, bok melangeu nu ngantosan, ti dinya teras marios, marulih ka Batulayang, tiluan dina kuda, Den Sari anu ti payun, digondeng ku Ki Mardawa.
- Panon poe wanci lingsir, arangkat tarunggag kuda, lumpatna mani norolong, jajalanan nu kasorang, ihu ku tatangkalan, turun gunung unggah gunung, nyorang leuweung geledagan.
- Najan perjalanan rumpil, 'loba kakeueung karingrang, ku lantaran saban poe, loba anu lalar liwat, nu rek ka Batulayang, jalanna mah ngabulungbung, teu kagok negarkeun kuda.
- Padataran geus mimiti, dikebonan dihumanan, pinuh ku pare jeung jagong, paselang jeung palawija, beubeutian teu kurang, haneli kunyit jeung gandrung, nandakeun subur taneuhna.
- Hawa gunung nyceep tiis, angin leutik mawa nimat, matak seger najan cape, ngandung bayu kahirupan, ka nu nuju arangkat, perjalanan masih jauh, marulih ka Batulayang.
- Na mumunggang pasir leutik, nu arangkat liren heula, tina lolongkrang kakayon, katarik ku kaawasan, padataran nu lega, anu kahapit ku gunung, tempatna bakal kasorang.
- Upluk-aplak katingali, pasawahan lega pisan, parena keur hejo ngemploh, sawareh mah nuju rampak, nu keur ko
78