Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    neng ge aya, pilemburan tingjarumpluk, rada anggang paturenggang
  1. Matak kagagas jeung sedih, ningali tangkal kalapa, paselang jeung tangkal jambe, ngaronyok tangkal kawungna, kawas nu ngaleulewang, rentul lir payung Pangagung, lambang ka nu eukeur nyawang.
  2. Kahibaran layung kuning, teu beda jeung payung menak, menak agung ti kadaton, nu make udat peremas, kiwa tengen walungan, Ciwidey reujeung Cisangkuy, caina ngarendat bodas.
  3. Keur anteng-anteng ningali, kagebah ku dadanguan, ku sora tonggeret banen, jeung pepengeng patembalan, horeng enggeus reup-reupan, lajeng bae gura-giru, nareraskeun perjalanan.
  4. Di jalanna teu kawarti, kira-kira wanci Isa, ka pakemitan geus anjog, kabeneran caang bulan, negrak kawas ti beurang, mega nyingray suwung mendung, lenglang teu aya panghalang.
  5. Rea anu balawiri, jelema nu ngaburabung, tamba sare sore-sore, jalan-jalan cari hawa, meungpeung keur caang bulan, nu rek ngaronda jeung tunggu, geus araya di tempatna.
  6. Kapendak ku nu marulih, nu aya di pakemitan, nu jaraga mani rame, ngawarangkong silih tempas, bari jeung gogonjakan, jigana narunggu waktu, giliran ngider ngaronda.
  7. Barang garduh nu kahiji, nu jaraga beulah Wetan, bareng ka kaluar nempo, narenjo nu tunggang kuda, tetela Raden Cutak, mani raong nu tarunggu, wilujeng sumping haturan.
  8. Bubuhan menak sajati, teu adigung adiguna, enggal ngawaleran alon, sarta budina someah, nuhun-nuhun saurna, salila kula keur ngantun, henteu aya panca bahya.
  9. Saurang ti nu keur jagi, brek cingogo bari nyembah, ngawalon ka nu marios, hibar pang doa Gamparan, berekah aman pisan, saur Raden sukur atuh, bari teras deui angkat.

Sinom

  1. Nyelang malikan katukang, ibu rama Enden Sari, sadikantun ku putrana, Cutak sepuh jaler istri, nu araya di bumi,
79