Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Kacaturkeun ibuna Den Sari, keur meujeuhna pakpikpek popolah, hibut didamel di pawon, putrana nu ngabantu, keur sayagi mairan cai, ngadangueuna nu ear, gumujeng di payun, gagancangan nyelang heula, tina panto nonghel anjeunna teh ngintip, ngadangukeun wangkongan.
  2. Ku jalanna ngaraoseun risi, inggis bilih sapertos ti heula, di Dayeuh mendak rerempon, tah nu jadi kapaur, namung barang parantos sidik, taya geusan salempang, ngeteyep ka pungkur, bari nyaur lebet manah, nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci, nyebut Alhamdulillah.
  3. Saterasna ceuk Juragan Patih, ditujukeun ka Wangsataruna, sabada mulih Raden teh, mungkur ti Dayeuh Ukur, Mamang gasik nyaur priyayi, nu araya di kota, karempel ngariung, sakalian rek ngaluat, bade metek layonna Kangjeng Bupati, jasad Pangaulaan.
  4. Satutasna tina metek mayit, masamoan prak babadamian, pikeun neraskeun lalakon, nu harita ngariung, pamendakna sadaya sami, supados enggal-enggal, ngagentos Pangagung, putusan dina kempelan, henteu sae Nagara rek lami-lami, teu aya nu mingpinna.
  5. Raden Ukur nu gentos wawarti, saurna teh leres sadawuhan, kanggo abdi Gamparan ge, estu bingah kalangkung, saupami tiasa milih, cocog Dampal Gamparan, nu kedah ka payun, nu jadi Pangaulaan, nu ngagentos di Ukur jadi Bupati, keur papayung Nagara.
  6. Ku emutan nu parantos ahli, tangtos tabah seueur pangalaman, legok tapak genteng kadek, lebeting ngurus ngatur, tur ngaheuyeuk ngolah Nagari, sakalintang payusna, tur rayat satuju, seke seler nu landes mah, ngembang boled rupina teu aya deui, lintang Pangaulaan.
  7. Ngadangueun piunjuk nu tadi, Pangulaan enggal ngawaleran, saurna leres kahartos, ku pun Paman kasuhun, tur ditampi ku asta kalih, eta teh kanyataan, yen Raden teh jujur, teges rembesing kusumah, henteu pegat tetesing andana warih, rundayan Pajajaran.
  8. Patarosan saurang nu ngiring, sanggemna teh kuma-
85