Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Anu geulis pok ngalahir, dibarengan dulak-dilak, socana cureuleuk mencrong, lir nu timbul panasaran, jeung rada ngadeukeutan, ari Engkang na wet kitu, nu haat dipulang moha.
  2. Diwaler jeung amis budi, Engkang mah ngarasa melang, mangkaning nyorang nu jolok, bok bisi kumaha onam, sakitu tarahalna, kapan ka Dayeuh teh jauh, lain ambaheun nyorangan.
  3. Sok komo lamun pribadi, nyalira cecelengcengan, ayeuna mah antos bae, mun geus aya kapastian, tangtos enggal dipapag, Enden teh sing sabar nunggu, keur dua tilu dinten mah.
  4. Ti dinya Raden Dipati, dijajapkeun ku garwana, dugi ka babancik bae, para menak nu sanesna, ngarantosan di latar, sadayana geus kantun jung, sakudana-sakudana.
  5. Kuda nu bade dititih, keur Raden Ukur geus jagrag, Ki Mardawa nu ngagodeng, anu bakal ngagaundalan, rencangna nu satia, teu kungsi lami burudul, nu jalengkar mani ngantay.
  6. Ti payun Juragan Patih, Raden Ukur nu kadua, anjeunna parantos waleh, nolak teu kersa ti heula, ku jalaran saurna, teu wasa mungkuran sepuh, sok bilih matak tideuha.
  7. Aleutan menak nu tadi, ka luar ti pakemitan, masih rebun-rebun keneh, geus liwat carangcang tihang, harita titingalan, pilemburan tingrunggunuk, matak waas campur kelar.
  8. Jelema nu rek tarani, nu tarurun rek ka huma, ting kurumuy los ka kebon, nyoren kujang mawa parang, gaet atawa congkrang, diharudum manggul pacul, bari jeung nyorendang koja.
  9. Maranehna gok kapanggih, jeung aleutan para menak, henteu tuluy leumpangna teh, reg areureun dodongkoan, caringogo sagala, kitu tata nu kapungkur, hormat di jaman harita.
  10. Manuk geuri tingcaruit, recet dina tatangkalan, jogjog recok ngararoceh, ti anggangna hawar-hawar, cangehgar disarada, manuk leuweung jeung kasintu, lir ngabageakeun beurang.
89