Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VI. KAWAJIBAN PAPAYUNG AGUNG
Pucung

  1. Kacaturkeun tatamu mimiti kumpul, isuk keneh pisan, para gegeden geus tembong, geus daratang ti suklakna- ti siklukna.
  2. Ti jauhna harita anu geus cunduk, cutak nu geus datang, Lemah neundeut Cikareo, Selaawi lengkap jeung saponggawana.
  3. Nu jarauh lumaku sapeuting jeput, tararumpak kuda, ngabaktaan ti nu jolok, pamikirna sangkan ulah kasiangan.
  4. Geus ilahar priyayi jaman kapungkur, ngestokeun dawuhan, timbalan para gegeden, tugur tundan geus jadi kabiasaan.
  5. Jam salapan para menak jeung priyantun, hempak di Paseban, na amparan marendeko, tara pisan ngabaekeun parentahan.
  6. Raden Ukur jeung Juragan Patih rawuh, parantos lalenggah, anjeunna calik ngarendeng, lalinggihna sareng na balekancana.
  7. Mimitina Raden Ukur rada mundur, linggihna di handap, ngan tuluy pada ngarojong, nu ahirna ka luhur kersaeun lenggah.
  8. Pasamoan Juragan Patih nu ngatur, teu lila dibuka, nerangkeun ebreh tur eces, nu dimaksud pangna ngayakeun sewaka.
  9. Arandika nu mawi gancang disaur, rek babadamian, barempug hal pikeun calon, keur ngagentos Kangjeng Dalem anu nilar.
  10. Keur papayung mingpin Kabupaten Ukur, pikeun kamahmuran, kerta raharja nu hade, mandang perlu supaya gancang diangkat.
  11. Tegesna mah tuturkeuneun urang hirup, sangkan ka ayaan, tatar Ukur beres roes, hirup hurip gemah ripah tur rahar-