Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    jiga malikir, anteb leleb ngemut kasauranana.
  1. Ngalajengkeun sasauran, sowantenna rada tarik, sarta ngageter meueusan, sapertos nu runtik galih, dugi ka ampir nangis, pasemon kawas nu bendu, napsu wera kapegat, ku hantem ngemutan nasib, Tanah Sunda ngalaman henteu lugina.
  2. Ulah kagungan emutan, yen kula parantos jalir, mikeun Nagara sorangan, ka Mataram serah diri, icalkeun lebet galih, teu pisan nepi ka kitu, ieu mah rekadaya, pikeun nyalametkeun diri, babakuna rahayat anu dijaga.
  3. Lamun nurutkeun amarah, tur ajen diri pribadi, tetela ngarasa hina, peta kieu hiji tawis, jiga nu leutik burih, kumeok samemeh tarung, tegesna mah elehan, teu wani ngalawan jurit, jiga pisan jelema taya kahayang.
  4. Sadayana kahinaan, kaaeban matak isin, teumbleuhkeun ka diri kula, kaula rido teh teuing, ngan asal lemah cai, kabela mulus rahayu, ulah rek ngarandapan, diruksak ku perang jurit, nu ahirna Nagara urang dijajah.
  5. Jeung deui kudu uninga, tur waspada jeung caringcing, waktu ieu nu bahaya, ka urang arek ngalindih, perenahna teu tebih, lain Mataram nu nempuh, musuh anu ti luar, datangna ti atas angin, kebo bule nu ngaranjah Nusantara.
  6. Kebo bule teh nyatana, sidik bangsa kulit putih, datang ti sabrang lautan, ti Eropa anu tebih, bangsa Walanda sidik, geus aya di Cihaliwung matuh di Jayakarta, geus bebetah nyieun cicing, di Basisir wewengkon Sundakalapa.
  7. Keur kaula di Mataram, harita geus kenging warti, yen eta bangsa Walanda, ka urang mimiti tepi, datangna ka basisir, di Teluk Banten panungtung, prak marangkuk di dinya, jual beuli hasil bumi, babakuna ku jalan urup-urupan.
  8. Keur anyaran daratang mah, arakuan ka pribumi, sopan rendah jeung berehan, sumawonna ka pamingpin, ka nu jadi Bupati, atawa Papayung Agung, nu ngatur Nagara mah, ruruba barang parenting, babaktina tetela tanpa wilangan.
  9. Ku Kangjeng Sultan harita, bejana maparin widi, Walanda meulian tanah, keur gedong tempatna cicing, jeung gudang hasil bumi, pedes pala geutah kayu, kalapa sabangsana,
101