Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    cangkeng muril kumis.
  1. Ronggonoto rikat tandang, ceuk hatena gagah mo manggih tanding, lawan tangtu moal mampuh, najan Wangsataruna, komo deui memangna Dipati Ukur, jelema tukang tatapa, salirana jangjing alit.
  2. Dalem Ukur katingalna, ku musuhna teu beda ti papanting, dedegan sagede curuk, henteu beda ti rokrak, mun dicekel direngges tinangtu remuk, teu kudu menta bantuan, ku sorangan geus kaijir.
  3. Ronggonoto gabrug newak, rek ngarontok ka nu keur anteng cicing, lain ngajanteng keur bingung, ngajega lain arca, teu jantungeun pedah kasima ku musuh, keur nalek kana salira, bok bilih lepat pamilih.
  4. Carek mamanahanana, anu tanding kudu aya nu rugi, perlaya nepi ka lampus, misan kantun babatang, lebet manah nyaur lamun musuh unggul, tatar Sunda bakal ruksak, ku laku anu jarulig.
  5. Ku kituna moal salah, leuwih hade diperenkeun ku aing, kapaksa kudu digebug, henteu matak doraka, taya sanes pamugi Gusti Nu Agung, jeung luluhur nangtayungan, ngaberkahan anu tanding.
  6. Nu ngarontok ka anjeunna, dicingcetkeun bari pok nyaur rintih, ayeuna geus tepung lawung, rupina panungtungan, ti kapungkur can aya widi Nu Agung, urang ngadu kadigjayan, kudu dugi ka lastari.
  7. Tijongjolong rek tigubrag, suku kenca dipake nahan tarik, gancang malik terus nyaur, sorana bedas pisan, awak maneh montong loba teuing catur, mun bener andika rongkah, heug layanan diri kami.
  8. Ngakukeun gede tanaga, ulah make cungcat cingcet bet licik, kawas nu paur kagebug, atawa kabeunangan, hayu urang cekel sabuk milang tatu, silih banting anu rongkah, tong gelut lir budak leutik.
  9. Kaula seja ngiringan, rek kumaha mangga saur Di pati, bari imut ngagelenyu, terus meulitkeun sinjang, ajeg ngadeg ngadago nubrukna musuh, nu geus ngangsog kacapean, kacing-

100