Ieu kaca geus divalidasi
- cetkeun ku Dipati.
- Ronggonoto ngadeukeutan, ngabongohan kek nyekel ka Dipati, angkengna kenca katuhu, estuning satakerna, maksudna mah rek dijungjungkeun ka luhur, dibabetkeun ka nu anggang, supaya teu usik deui.
- Disangkana bakal hampang, buktina mah barang arek dijingjing, dijungjungkeun teu kajungjung, tinimbang kaangkat mah, Ronggonoto kalah ka beureum berengut, aduregeng totonggengan, Dipati mah henteu gingsir.
- Ku tina keuheul-keuheulna, Ronggonoto lali tetekon jurit, sot salira Dalem Ukur, jol kek kana tenggekna, maksudna mah rek nyekek Dipati Ukur, didangheuakkeun angkeutna Dipati geus lesot deui.
- Los lesot teu antaparah, Ronggonoto jebet bae nampiling, tarikna meakkeun batur, angin na tarik pisan, ngan untungna mun lain Dipati Ukur, moal boa ngageledag, dibarengan utah getih.
- Ngabangkieung ditanganan, ngusap raray lajeng caringcing deui, ka Ronggonoto pok nyaur, aeh-aeh Kangraka, dina tanding sing adil kudu diatur, ulah merekpek sorangan, kudu daek pili genti.
- Ronggonoto ngawalonan, henteu perlu bet loba omong teuing, naon gunana diatur, urang paheula-heula, sapabodo sapa pinter tangtu unggul, yeuh gancang geura ayonan, pasti awak mandi getih.
- Nu nongton salusurakan, narenjokeun tetekon nu keur jurit, Ronggonoto nu keur ngamuk, anu ngumbar amarah, Suranangga kekerot bari tutunjuk hayang mantuan dunungan, musuhna lakuna licik.
- Kawasna mun teu isin mah, meureun ngajleng ngarontok nu keur jurit, hayang geura nubruk musuh, anu licik hianat, Ronggonoto kerisna terus dicabut, paranti nundung lawanna, nu matih leuwih ti misti.
- Barang kerisna geus ngabar, Dalem Ukur rada mundur saeutik, kerisna terus dicabut, keris wangkinganana, pusakana paparin ti Eyang Buyut, Embah Sunan Dampal tea, anu
101