Ieu kaca geus divalidasi
- ngaping siang wengi.
- Pamorna gugurilapan, kasorotan panon poe keur tarik, Ronggonoto geus kamashur tapis maen kerisna, dikuluwat-dikulawit mundur maju, ngadago dina bongohna, ngarah lawanna katiir.
Durma
- Tapi mungguh nu Anom mah teu kagetan, henteu gigis teu miris, teu paur teu reuwas, teger teteg manahna, ningali musuh jejebris, taya karingrang, teu galideur muringis.
- Ronggonoto srog maju nyerang lawanna, sebrut nyudukeun keris, ngumbar amarahna, gejos-gejos teu keuna, da Dalem Ukur caringcing, wangkinganana, rikat dianggo nakis.
- Tingkalentring keris diadu congona, nyuduk gasik ditakis, nu lalajo ear, surak ayeuh-ayeuhan, nu licik dilawan pelit, bet kawalahan, Ronggonoto rek miwir.
- Manehna teh ngarasa jengkel pohara, keris teu nguyup getih, ngahantem nyudukan, henteu meunang lolongkrang, rek eureun pok ngomong bengis, Wangsataruna, kurang ajar bet licik.
- Mun kieu mah moal rek aya tungtungna, coba lamun lalaki, jeung lalanang jagat, keris aing tampanan, tapi montong rek ditakis, jeung dihalangan, tadah montong dikelid.
- Dalem Ukur mesem leleb ngawaleran, sakersa Senapati, ku kula ditadah, jangji sewang-sewangan, kudu kersa pili genti, kedah giliran, ku kaula ditampi.
- Rek kumaha bisana sewang-sewangan, atawa pili genti, mun awak geus misan, disuduk nembus dada katiir ku keris kami, nepi ka manggang, pasti mo usik deui.
- Ronggonoto pek seuri mani ngagakgak, ngomong jeung larak-lirik, nulak cangkeng tandang, geus ujub baris meunang, tutunjuk jeung muril kumis, angguk-anggukan, hahah-hihih nyikikik
- Ulah waka takabur nangtukeun meunang, bisi kacing-cirihi, prak bae tarajang, tamplokkeun kasaktian, rek ti hareup rek ti gigir, hayang ti tukang, haram moal rek ngacir.
102