Ieu kaca geus divalidasi
- Nyaur kitu Dipati Ukur munajat, ka Gusti Maha Suci, supados diraksa, mundut panangtayungan, lebet manah henteu lali, ka luluhurna, anu maparin keris.
- Ronggonoto ngadenge nu sasauran, cariosan Dipati, ngarasa dihina, dasar nu barangasan, henteu antaparah deui, manehna rikat, nyekel bahu Dipati.
- Dalem Ukur gabres disuduk dadana, jajantungna katiir, keris ambles pisan, nepi kana gajana, ngagetruk sora kakuping, geus tangtu misan, mangkaning keris matih.
- Tapi aneh barang dicabut kerisna, helok anu nyaraksi, keris henteu mempan, miley leuleus ngadadak, ku nu boga teu kajudi, basana heran, keris teh henteu matih.
- Ku lantaran daya saktina ka luar, tina keris geus bijil, peruh samemehna, ditojoskeun geus cambal, katarik perbawa gaib, ku kakuatan, wewesan nu lineuwih.
- Ronggonoto lantaran ngarasa panas, gancang ngalungkeun keris, heat teh narajang, jekok nonjok musuhna, kana raray Adipati, keur sasauran, mapanas Senapati.
- Ku tarikna anu nonjok sakuatna, henteu pisan ditakis, mani ngadayagdag, sarta ucul udengna, barang arek mindo deui, peureup musuhna ku anjeunna ditakis.
- Ronggonoto dicepeng lebah dadana, teu bisa gerak deui, henteu walakaya, kawas anu kasima, leuleus lesu tulang sandi, nahnay teu nangan, mani sepa lir mayit.
- Dalem Ukur bari ngamangkeun wangkingan, anjeunna rek wawarti, keur mah ti tadina, Ronggonoto geus pias, meh teu usik henteu malik, hate baluas, ngembeng cipanon bijil.
- Jigana teh meureun lelembutanana, memeh gejosku keris, enggeus kumalayang, ninggalkeun raga badag, Ronggonoto anu bengis, enggeus kitu mah, estuning matak watir.
- Dalem Ukur ningali nu tanpa daya, lebet galih ngajerit, ngaraos karunya, anjeunna henteu tega, ahirna patarik-tarik, jeung kawajiban, numpes nu julig dengki.
- Tegesna mah mun perlu ku kakerasan, ngaleungitkeun nu dolim, teu jadi halangan, mun teu aya tindakan,
103