Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    rahayat terus dijepit, moal sugema, ngahukum mun teu adil.
  1. Geus kitu mah anjeunna buleud manahna, henteu galideur deui, gabres teh wangkingan, newek dada musuhna, lenggerek teh Senapati, tinggal kurungan, Ronggonoto lastari.
  2. Samemeh bres Kangjeng Dalem sasauran, ngaharewos teu tarik, neda pangampura, kaula ukur darma, ngajalankeun tugas suci, amanat rayat, anu geus dinyenyeri.
  3. Ronggonoto geus palastra sah ti dunya, di sangga ku Dipati, palebah pundukna, sangkan teu ngageledag, nu naringal ger sareuri, ayeuh-ayeuhan, surak jeung tingsaruit.
  4. Kangjeng Ukur isarat ulah sarurak, ngadadak jep teh jempling, nyaur Suranangga, sarta layon musuhna, Ronggonoto Senapati, sangkan dibawa, diurus sing tarapti.
  5. He Mang Sura ieu layon kapetengan, Pangeran Adipati, enggal pulasara, dipendem di nu sirna, make upacara resmi, anu biasa, Pangagung nu lastari.
  6. Saterusna baladna sina marulang, ulah aya nu kari, nu gering ge bawa, pek sadiakeun cikrak, ka Mataram geura indit, tong lila-lila, atur anu tarapti.
  7. Bere bekel sacukupna keur di jalan, pacuan dinyenyeri, ulah diheureuyan, kaula baris miang, rek terus ka Srimanganti, rek magelaran, sareng sesepuh Nagri.

Kinanti

  1. Sanggeusna imeut ngadawuh, jung angkat tungkul diiring, ku rengrengan kasepuhan, sinareng juragan Patih, ngabujeng ka padaleman, caralik di Srimanganti.
  2. Pangeran Dipati Ukur, sasumping ka Srimanganti, ka nu ngariring miwarang, ngantosan bari caralik, rek gentos pangganggo heula, sareng bade beberesih
  3. Teu lami anjeunna rawuh, di Srimanganti geus linggih, panganggona menak Sunda, biasa jaman bihari, sinjang poleng kaway takwa, udeng ngere batik tulis.
  4. Linggih payuneun sesepuh, raray mesum lir nu sedih, ilang sinar kahegaran, jiga nu nandang prihatin, sakedap teu
104