Ieu kaca geus divalidasi
- sasauran, rupina nuju ngagalih.
- Nu ngadeuheus kabeh tungkul, geus kasurti tur kajudi, nyata papayung Nagara, nuju liwung runtik galih, bulan kahalangan mega, surem pameunteu Dipati.
- Teu lami Dipati Ukur, anjeunna lajeng ngalahir, sawandenna halon pisan, saurna he Mamang Patih, sareng sesepuh sadaya, kaula seja rek pamit.
- Enggeus cunduk kana waktu, ninggang mangsa nitih wanci, ayeuna urang papisah, kiwari bakal patebih, paanggang keur salamina, boa moal tepang deui.
- Sakedap henteu misaur, ku nu nguping can kapikir, rungah-ringeuh caruringhak, silih reret silih tilik, silih pelong jeung baturna, anjeunna ngalahir deui.
- Ulah diaranggo liwung, sumpeg manah runtik galih, ku kaula rek ditilar, dikantun mo tepang deui, geus kitu kudrat Pangeran, titis tulis Maha Suci.
- Sayaktosna nuju wangsul, ti Jayakarta can tebih, ditengahing perjalanan, keur ngarereb tengah wengi, parantos kenging ilapat, nampi wangsit ti nu gaib.
- Anu kakuping misaur, anu maparin wawangsit Eyang Buyut Sunan Dampal, saurna ringkes kaharti, kula kedah gagancangan, ti Dayeuh supaya indit.
- Dayeuh buru-buru kantun, entong bade lami deui, dupi anu dipimaksad, atanapi ku dipambrih, supados kawilujengan, kanggo somah ageung alit.
- Juragan Patih misaur, dupi anu jadi margi, bade ngantunkeun Nagara, ngersakeun lunta patebih, muga maparin pedaran, ka sadaya nu lalinggih.
- Moal bade kapihatur, mungguh unggelna wawangsit, mung maksadna nu kasawang, margina kula pribadi, milampah hiji tindakan, geus ngantunkeun MEDAN JURIT.
- Kadua sadaya maphum, tadi kapan katingali, nelasan wakil Sri Sultan, Ronggonoto Adipati, tinangtos bae mantenna, baris bendu ngancam pati.
- Hakekatna najan jujur, buktina suci beresih, tapi ti pihak itu mah, nu kawasa nyakrawati, tetep urang anu salah,
105