Ieu kaca geus divalidasi
- geus nelasan Senapati.
- Saupama nu dihukum, wungkul kaula pribadi, teu bademajar kumaha, estu iklas siang wengi, etang-etang jadi wadal, keur parepeh lemah cai.
- Jadi wadal moal nanduk, asal dina jalan suci, keur ngabela bebeneran, keur nulungan para abdi tur ngabela kaadilan, ti jelema nu darolim.
- Nu ngadangu ngeluk tungkul, ngaharuleng tur malikir, Raden Digja sasauran, sesepuh anu pinilih, nu kadeuheus pangbelana, nu satia ka Dipati.
- Bieu parantos ngadawuh, sadaya parantos nguping, emutan abdi Dalem mah, cutak Ngabihi-Patinggi katut somah balarea, mo ngantep tur bela bati.
- Sumeja bela tumutur, ka panutan anu mingpin, sanggem wiwilangannana, kajeun ajur leungit ledis, ngabelaan kaadilan, lara pati suka ati.
- Dampal Dalem kedah ajur, jadi korban nu darengki, jadi mangsanu durjana, balarea moal cicing, ajur tumpur sasarengan, lebur papan sareng tulis.
- Dipati Ukur misaur, kaula nuhun teh teuing, kana saurna Mang Dibja, ieu pisan nu dipahing, nu dianggo kasalempang, musna carem abdi-abdi.
- Ku kaula geus kaemut, sadaya oge tingali, wadya baladna Mataram, sanajan nuju prihatin, ngarandapan kagagalan, dina perang jeung Kumpeni.
- Tapi upama ngagempur, wilayah Ukur nu leutik, Mataram teh masih kuat, turta ahli dina jurit jajahanana ge lega, baladna manglaksa keti.
- Sangkan rayat lulus mulus, teu aya deui pamilih, kanggo nyalametkeunana, kajabi kaula indit, ngendangkeun awak sorangan, nepi niis di nu buni.
- Juragan Patih pok nyundul, suwantenna lengas-lengis, lajengna bada ditilar, ku Dampal Dalem pribadi, Dayeuh kumaha jadina, sok inggis diranjah deui.
- Pilahir Dipati Ukur, pameunteu katingal sedih, ku emutan kaula mah, saena sadaya ngungsi, malencar
106