Ieu kaca geus divalidasi
IX. LEBUR PAPAN KALAWAN TULIS
Dangdanggula
- Kangjeng Dalem Pangeran Dipati, titih rintih alon sasauran, kapan unggel Uga oge, para sesepuh maphum, tur ilapat anu kakuping, mangsana geus tumiba, yen wilayah Ukur, sakuliah tatar Sunda, kapayunna pulo Jawa ge katarik, dijajah ku Walanda.
- Dayeuh Ukur moal lami deui, bakal pindah ti tempat ayeuna, ngageser ka tebeh kaler, nampeu sisi Citarum, ngaranna ge baris diganti, engke bakal kasebat, Kabupaten Bandung, sakitu eusi ilapat carek Uga mo kenging dirobah deui, tinangtu kajadian.
- Ayeuna mah sumangga marulih, jung marulang satempat-tempatna, saurkeun ka rayat kabeh, supaya buru-buru, bilih musuh daratang deui, kitu deui somahan, supaya diapruk, sina gancang-gancang nyingkah, ngarantunkeun Dayeuh Ukur kanu tebih, mun bisa ti isukna
- Mangga kula moal bade ngiring, geus masihkeun dina ngaturna mah, ka paman Aria bae, rawuh para Sesepuh, kaula mah mo lami deui, teras ka Batulayang, hayang gancang cunduk, rek nepangan kulawarga, bok deudeupeun kumargi geus lami teuing, ngantunkeun kawajiban.
- Atuh dina teu pendakna deui, kaula teh neda pangaksama, ti sadaya sepuh anom, paneda dulur-dulur, ngahapunten lahir jeung batin, jeung teu petot munajat, ka Gusti Nu Agung, sangkan urang ginuluran, mugi-mugi aya dina Rahmat Gusti, wilujeng salamina.
- Sekeseler putra Siliwangi, muga natrat terah Pajajaran, genteng-genteng ulah potong, manggung deui ka payun, hirup hurip bisa ngajait, kalungguhan Nagara, Kabupaten Ukur, malahan sa Nusantara, diparengkeun iasa ngeusian wangsit, dugi ka ahir jaman.
108