Ieu kaca geus divalidasi
- Ngarupingeun carios Dipati, nu pamitan ngantunkeun Nagara, teu kahalang ku geus kolot, kajeun jembar panemu, henteu weleh merebes mili, teu kawawa nalangsa, ngangres ngenes ngungun, bade pisah jeung panutan, Dalem Ukur pamingpin nu dipiasih, sarta dipikacinta.
- Cung cong nyembah bari jeung narangis, tur nyuhunkeun hibar pangdoana, Dipati Ukur nu soleh, sarta terus arusul, hiji dua rek maksa ngiring, nanging teu diwidian, sabab kudu emut, geus baroga kawajiban, tanggung jawab kulawargi masing-masing, rumah tangga sorangan.
- Nu riungan balubar marulih, tur marulang ka tempat-tempatna, nu manahna ngangres kabeh, saredih bingung ngungun, narah pisah jeung Adipati, anu bela satia, papayung ti Ukur, ahirna kapaksa sadar, aremuteun kana takdir Maha Suci kana kadar Pangeran.
- Kacaturkeun Pangeran Dipati, Dalem Ukur Den Wangsataruna, sanggeus anjeunna beberes, Mardawa nu ngabantun, ferencepan jengkar jung mulih, angkatna nitih kuda, nyebrut maju ngidul ngabujeng ka Batulayang, nu dicandak saukur barang parenting, anggoan saperluna.
- Barang-barang saeusing bumi, belah pecah tur sipat nyamuna, malah parabotna oge, sadayana di kantun, teu dicandak ti Srimanganti, anjeunna teh amanat, samemehna ngantun, supaya sakabeh barang, dibagikeun ka rahayat nu laleutik, tong aya nu kaliwat.
- Dalem Ukur kocapkeun geus sumping, disarelangan ku rencang Mardawa, ka Batulayang, geus anjog, putra garwa maruru, mertuana nya kitu deui, tangtos pisan kasawang, sadaya ge maphum nu lami pisan paanggang, anu tangtos barang prok patepang deui, pada medal ciso ca.
- Dalem Ukur Pangeran Dipati, sabadana ngareureuhkeun palay, sareng tuang leueut salse, anjeunna pok misaur, garwana ge ngiring wawarti medar nu kaalaman, ditanggap ku Ibu, disarengan ku Ramana, duanana istri pameget berbudi, dina mayunan bahya.
- Na mokprokna nerangkeun nu julig, kadengkian jeung
109