Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    katelengesan, Senapati Ronggonoto, pada keuheul gegetun, kangan palebah dina lastari, nepi kana ajalna, sadaya ngarungun, layan manah nu iklas, teras bade neneda ka Maha Suci, dihampura dosana.
  1. Pamungkasna Pangeran Dipati, pok unjukkan ka nu jadi Rama, anjeunna rek angkat lolos ngantunkeun Dayeuh Ukur, bade nyepi di tempat suni, ngendangkeun salirana, nyengker hawa napsu, nyingkahan rereged dunya, mertuana bubuhan sepuh nu ngarti, jol kamanah maksadna.
  2. Mertuana sasauran aris, keur Uwa mah mo rek mapalangar, salira langkung waspaos, namung kumaha itu, garwa putra mugi digalih, naha bade dicandak, ka tempat nu singkur, upami moal dicandak, ulah mangmang di dieu bade diaping, asal rido Kangputra.
  3. Dalem Ukur ngawaleran gasik, pamaksadan nu bade diseja, patempatan rehe simpe, pernahna tebih nyingkur, ku jelema langka kasungsi, ka gambar sangsarana, upami dibantun, tarahal pisan di jalan, nu kasorang leuweung rarembet rarumpil, kalintang waluratna.
  4. Ku kituna pun bojo Den Sari, mo dibantun sinareng pun anak, dikantun di dieu bae, sanes teu abot ngantun, mung teu mikeun kedah prihatin, kababantun sangsara, ngiring ka nu nyumput kapaksa kedah papisah, taya sanes jisim abdi bade titip, nitipkeun kawajiban.
  5. Dalem Istri lir nu bendu galih, enggal nyundul nyelang sasauran, mondah maksadna caroge, abdi narah dikantun, ka mana ge sumeja ngiring, najan lara balangsak, bumela sumujud, pan abdi parantos sumpah, ka Pangeran sareng ka diri pribadi, satia ka panutan.
  6. Kasauran karidoan Nyai, ku Kakang teh katarima pisan, tur sumerep kana hate, gumulung dina kalbu, ngan kumaha pupunden ati, anak urang si Ujang, piraku dikantun, kitu deui mun dibawa uprak-apruk mileuweungan ka nu suni, hate teh henteu iklas.
  7. Ibu sepuh ganti nu wawarti, suwantenna rada dumareuda, ari geus garilig hate, mungguhing anu lucu, tong dianggo
110