Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    melang karisi, Uwa bagianana, dibantu ku Ibu, anu baris ngarasanan, nu ngamongmong ngadidik sinareng ngatik, nu bakal tanggung jawab.
  1. Enjing-enjing Pangeran Dipati, sareng garwa parantos jalengkar, nu ngiring duaan bae, Mardawa nu satuhu, Nyi Samah ge harita ngiring, ngantunkeun Batulayang, nyacat nanjak mudun, ngaler ngulon arangkatna, lembur singkur mandalasing gah nu sepi, dipapay keur mabakan.
  2. Nu jalengkar nganggona rarudin, niron-niron urang pilemburan, pangiring nya kitu keneh, bari maranggul pacul, nyoren kujang nambleg patani, anu rek bubuara, ka tempat nu jauh, ari cacandakanana, mung tuangeun kitu ge ngan ukur mahi, pibekeleun di jalan.
  3. Kira-kira meh saminggu leuwih, geus aranjog ka hiji mumunggang, pasir anu rada gede, mun ngadeg di beh luhur, lebah dinya awas ningali, ka dataran Soreang, Kangjeng Dalem Ukur, nyaung-nyaung prak bebetah, ngababakan hirup leutik guar bumi, ngahuma malawija.
  4. Kacaturkeun sanggeus dua sasih, sajengkarna anu mileuweungan, Dayeuh Ukur narikolot, parongpong pada ngantun, atuh waktu diserang jurit ku balad ti Mataram, ngarurug ka Ukur, taya pupurieunana, ganti rupa jadi reuma leuweung eurih, teu aya nu ngeusian.
  5. Musuhna teh nu harita tepi, nu barudal ngepung Jayakarta, sabab perangna kadeseh, pangna ka Ukur cunduk, kawasna mah rek males pati, atawa meupeus keuyang, sapedah ngarurug, mani dua kali pisan, Kumpeni teh keukeuh teu bisa kausir, nyicingan Jayakarta.
  6. Henteu salah sakumaha wangsit, kasauran Den Wangsataruna, Dipati Ukur nu soleh, carek Uga ge kitu, yen anjeunna baris prihatin, nu bakal katempuhan, diwiwirang batur, majarkeun teh urang Sunda, ngajebloskeun Mataram keur ragot jurit, ninggalkeun medan perang.

Sinom

  1. Kocapkeun balad Mataram, aya samingguna leuwih,
111