Ieu kaca geus divalidasi
- pingpinan Tumenggung Sura, di Dayeuh Ukur caricing, jiga keuheul tur pusing, katalimbeng tinglalimbung, ngumpul di patilasan, Dayeuh Ukur nu geus leungit, jadi leuweung kosong taya pangeusina.
- Pangeran Tumenggung Sura, anjeunna parantos gilig, moal mulang ka Mataram, saupami tacan hasil, anu keur diilari, rek nangkep Bupati Ukur, Raden Wangsataruna, nu dianggap hiri dengki, ti Batawi geus ngantunkeun medan perang.
- Baladna loba pohara, sapuluh rebu ge leuwih, dipencar ka unggal madhab, dititah nyaksrak nguriling, teu eureun beurang peuting, sina ngasruk unggal lembur, nyusul tepus nu minggat, supaya gancang kapanggih, rek diboyong disanggakeun ka Sri Sultan.
- Diantara urang Sunda, aya oge anu ngiring geus jaradi tuduh jalan, tukang tunjuk nu barengis, marilu jeung prajurit, duka ku hayang diaku, atawa ku kapaksa, ngahaja nyaliar rijki, pangarahan asal meunang kadudukan.
- Teu mandang eta teh saha, asal seuri kenging picis, asal genah meunang pangkat, teu inget dulur pribadi, nu diuber diungsi, wani ngasongkeun ka musuh, kitu watek manusa, martabat nu rendah budi, teu rumasa teu isin ku Nu Ngayuga.
- Nyebar beja enggeus beunang, bareng disidikkeun lain, horeng Raden Wangsanata, buniaga ti nu tebih, urang Banyumas asli, nalika Dipati Ukur, aya di pangperangan, sok ngaku diri pribadi, bakal meunang kalungguhan ti Mataram
- Diangkat ku Kangjeng Sultan, di Ukur jadi Bupati, ngagentos Wangsataruna, geus jadi sabiwir hiji, sadayana prajurit, nyaraho ngakuna kitu, sok komo di Mataram, teu jadi rusiah deui, Wangsanata Bupati keur tatar Sunda.
- Kocap dina hiji mangsa, Raden Wangsanata tadi, ku Tumenggung dibabandan, diboyong dibawa balik, dipaksa kajeun ceurik, sanajan teu daek ngaku, sadatang ka Mataram, tanpa dipariksa deui, terus bae manehna ditugel jangga.
- Ari Den Wangsataruna, Dipati Ukur sajati nu keur jongjon ngababakan, tanam tuwuh rajin tani, macakal hirup leutik, nu aya di Gunung Lumbung, saban poe damelna, dibantu
112