Ieu kaca geus divalidasi
- garwa nu rajin, kekebonan jeung ngahuma wekel pisan.
- Malah geus gentos jenengan, anu surup jeung patani, katelahna Bapa Wangsa, jeung garwana oge sami, sami-sami dilandih, Ambu Wangsa nu nyarebut, tultel pabeja-beja, ka Soreang oge tepi, di mumunggang aya patani perceka.
- Ari padumukanana, ku Bapa Wangsa dilandih katelah Tenjonagara, sapedah awas ningali, plung plong ka mana mendi, bisa awas ka nu jauh, waas ku pamandangan, henteu aya aling-aling, Gunung Lumbung matak betah nu ngumbara.
- Henteu mangkuk bubulanan, Bapa Wangsa jaler istri, geus katorojog ku semah, nu daratang beurang peuting, merelukeun weweling, mangrupa elmu panemu, nasehat nu mangpaat, obor hirup lahir batin, Bapa Wangsa taya kapetolanana.
- Puguh ge ari emas mah, inten jambrut jeung biduri, sanajan kabulen leutak, tetep bae masinangling, kaasup barang awis, tetep herang hurung mancur, sabalikna tambaga, sanajan disipuh manis, pasti luntur da ngan ukur pupulasan.
- Beuki lila beuki tambah, tatamu anu sarumping, anjeunna salempang pisan, inggis ku musuh kapanggih, margi lamun katungtik, ku balad anu tarunggu, bisa gancang diudag, disaksrak jeung dibeberik, akibatna anjeunna jadi boyongan.
- Babakan Tenjonagara, parantos dikantun deui, kersana rek nyiar tempat, nu katimbang leuwih buni, ngabring sapiri umpi, arangkatna bada Subuh, majengna cepet ngetan, kira-kira wanci Magrib, geus aranjog ka babakan anu sirna.
- Teras ku urang Babakan, anjeunna enggal ditampi, dibaeu-baeu sagala, ku nu araya ka kuping, yen tamu anu sumping, anjeunna ngiring nyiruruk, katelah Bapa Wangsa, di dinya rek milu cicing, aya maksad bade ngiring andon betah.
- Di dinyana Bapa Wangsa, kaimpungan ku patani, dipisepuh diajenan, ku rahayat gede leutik, malahan lami-lami, somah nganggapna teh guru, elmuning kabatinan, satuduhna tembong bukti, saucapna tetela tara nyalahan.
- Tetela saban poena, murudul anu sarumping, teu towong nu menta berkah, tapi taya anu ngarti, Bapa Wangsa ti mendi, henteu panasaran nyukcruk, padahal mun dipapay, anjeunna
113