Ieu kaca geus divalidasi
- hiji Bupati, anu lugay ngantun kalungguhanana.
- Sajabana ti Mardawa, jeung muridna nu geus lami, nu dicandak sarusiah, emutanana hawatir, inggis bilih katungtik, ahirna bakal kabitur, kapendak ku Mataram, kapaksa arindit deui, nyiar tempat nu leuwih singkur tur aman.
- Babakan teh beuki tambah, tambah gegek pinuh eusi, kiwari nelah BANJARAN, anjeunna teu ngalih deui, tara umangkat tebih, da puguh geus jadi wiku, alias ngabagawan, tapi parobahan penting, di Pasundan ku anjeunna kabandungan.
- Sakuliah tatar Sunda, Bupatina kabeh ngiring, enggeus ulun kumawula, ka Mataram ngiring ngabdi, kudu mayar upeti, sarta diwajibkeun tugur, estu serah bongkokan, Sri Sultan langsung nu mingpin, tatar Sunda geus dikeupeul ku Mataram.
- Kabupaten ganti ngaran, kecap Ukur jadi leungit, jadi Bandung katelahna, sarta Dayeuhna ge ngalih, rada ngaler saeutik, sisi walungan Citarum, Dayeuh kolot ayeuna, ari nu jadi Bupati, nu katelah Raden Mas Astamanggala
- Raden Mas Astamanggala, dijungjung jadi Bupati, nu diangkat ku Mataram, Tumenggung gelaran resmi, sareng gentos wawangi, Raden Wira Angun-angun, pikeun tawis ganjaran, ka Bupati nu sinelir, tur satia kapercaya ku Mataram.
- Manahna Embah Bagawan, Dipati Ukur nu nyisi, manah bati ngarakacak, ningalikeun lemah cai, nasibna matak sedih, tatar Sunda enggeus lapur, dijajah ku Mataram, dikawasa ku nu tebih, galih wuyung teu wasa ngarobah uga.
- Anjeunna teh mung tumamprak, kana pangersaning Gusti, ngantunkeun haliah dunya, nyandak jalan ka Nu Suci, wungkul ngaji ngabakti, tur nyepi reujeung tapakur, husu ka Gusti Allah, bari teu weleh mumuji, putra putu ginanjar kawilujengan.
- Kanggo pamungkas anggitan, Kangjeng Pangeran Dipati, Den Ukur Wangsataruna, Bapa Wangsa nu keur nyepi, yuswa mulih ka jati, genep puluh tilu taun, mulih ka Rahmatullah, dina Sajarah kauni, dipendemna di Banjaran ngidul-ngetan.
- Mokprok sareng titimangsa, keur Mataram ka
114