Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    kumpeni, nyerahkeun dataran Sunda dipake buruhan jurit, numpes nu kumawani, ka Mataram rusuh ngamuk, ngarepehkeun gangguan, barontak ka Sri Narpati, Trunajaya katurunan ti Madura.
  1. Saterasna nu kapendak, Dalem Istri nu berbudi, Enden Sari putri Sunda, satia tuhu gumusti, ka caroge ngabakti, ngantunkeun langkung ti pajun, mulih ka Rahmatullah, nu ngurus Kangjeng Dipati, waktos pupus dina pangkonan panutan.
  2. Nalika Dipati wapat, geus sirna mulih ka jati, sarta geus mulang ka asal, estuning limit beresih, taya nu katingali, taya layon nu dikantun, meureun nurut carita, kabatinan nu arahli, nu kitu teh disebatna tilem tea.
  3. Tapi ku para muridna, geus dipendem hiji ciri, tempatna dina mumunggang, ngarendeng jeung Dalem Istri, dina sahiji pasir, perenahna wetan kidul, Kawadanan Banjaran, pasarean nu kawangi, Sembah Dalem Dipati Ukur kawentar.
  4. Kajaba ti eta makam, nu di luhur geus ditulis, anu aya di Banjaran, upami palay nalungtik, mangga bae tingali, di wewengkon Gunung Halu di Cililin ge aya, malah di Soreang deui, di Ciwidey bruhbreh patilasanana.
  5. Dina Sajarah kasebat, rundayan Kangjeng Dipati, anu mencar di Priangan, dicruk-cruk kiwari bukti, moal rek lepat deui, seke seler putraputu, ti Raden Wangsajaya, putra Pangeran Dipati keur alitna dikantun di Batulayang.
  6. Rahaden Wangsataruna, Kangjeng Pangeran Dipati, putrana pameget nunggal, keur berey dikantun ngungsi, ku Eyangna dididik, dipeuseuh elmu panemu, Rahaden Anom Jaya, neneh waktos murangkalih, geus jembarna nelah Raden Wangsajaya.


Tamat

115