Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

1. PASARANDOG JEUNG PATROLI
Pangkur

  1. Sanggeus tuang jung arangkat, harita teh wanci lohor meh ahir, dina kuda tingdurugdug, lumpatna cepet ngetan, mapay sisi leuweung ranca pinuh cucuk, ngajugjug ka pasanggrahan, Suranangga anu ngiring.
  2. Jayengrono tuduh jalan, rek nepangan Pangeran Adipati, wakil Kangjeng Sultan Agung, Bupati Bahureksa, nu maksadna Pangeran Dipati Ukur, ngayakeun babarempagan, tina hal nyerang Kumpeni.
  3. Satengahing perjalanan, di palebah tempat nu rada suni, ujug-ujug gok patepung, jeung patroli Walanda, nu lobana dikira aya saregu, diitung sapuluh urang, sawelas reujeung pamingpin.
  4. Serdaduna teh campuran, bangsa Cina, Jepang reujeung pribumi, Walanda nu mingpin wungkul, ari rereana mah, bangsa urang anu ngahiji jeung musuh, operan Wijayakrama, nu di gelo ku Kumpeni.
  5. Lantaran amprok nyerentak, Dalem Ukur teu bisa ngejat deui, harita terus dikurung, teu aya kasempetan, ngan anjeunna sanajan enggeus kakepung, henteu gugup henteu reuwas, teteg teger henteu gimir.
  6. Rencangna anu duaan, Suranangga jeung Jayengrono sami, ningal dunungan nu teguh, teu galideur hatena, maranehna ngarasa reugreug teu paur, tetep tagen dina kuda, bari ngagilirkeun keris.
  7. Ti Walanda ngan sorangan, nu na kuda mung ukur anu mingpin, Walanda nu gede jangkung, beungeut bule kapila, semu beureum irung mancung panon biru, kumis baplang tur godegan, matak sieun budak leutik.
  8. Keur jelema nu borangan, tur kakara jeung Walanda papanggih, puguh bae matak paur, sareng matak kasima,
21