Ieu kaca geus divalidasi
- Walanda teh ngadeukeutan Dalem Ukur, jeung ngamang-ngamang pestolna, ngomong Malayu teu uni.
- Ngomong ngagoronggong hoghag, sarta ngosom loba nu teu kaharti, basana oge teu puguh, pibenereunana mah, ulah gerak arek lumpat terus kabur, bahaya upama ngejat, ku urang tangtu dibedil.
- Barang ngadangu nu ngancam, Dalem Ukur gelenyu imut manis, tegesing taya kapaur, teras eta Walanda, heug di teuteup ti handap nepi ka luhur, diperuhkeun kawanina, sangkan leumpeuh henteu budi.
- Walanda teh terus nanya, rada leuleuy maneh anu ti mendi, ka mana anu dijugjug, sarta mentas ti mana, mun teu nyaho urang prajurit Mur Jangkung, soldadu pangkatna Sersan, jadi baladha Kumpeni.
- Kangjeng Dalem ngawalweran, jeung teu petot terus mencrong Kumpeni, sasauran henteu gugup, kaula urang Sunda, bibit buit Pajajaran Ratu Galuh, lumaku sumeja nyaba, rek ngajugjug ka Bakasih.
- Maneh bohong ngaheureuyan, urang nyaho tangtu maneh prajurit, balad Mataram nu sebul, di mana pasanggrahan, pek tuduhkeun ku urang moal digebug, tur sabaraha reana, Mataram mawa prajurit.
- Buru-buru pok nyarita, mun teu daek pasti manggih balai, maneh tiluan diringkus, ditangkep kudu nyerah, sabab maneh tiluan geus tingsulumun asup ka daerah urang, teu nyaho tanah Kumpeni.
- Dalem Ukur sasauran, kaula mah henteu nyaho prajurit, komo jumlahna nu tangtu, balad urang Mataram, jeung teu ngarti kaula arek diringkus, kudu nyerah engke heula, betasa kumaki teuing.
- Walanda di dieu semah, saeutik ge henteu boga hak milik, sabalikna anjeun mundur, ti dieu geura mangkat, gana-gana di dieu wani rerebut, geus ngajajah Jayakarta, ngalindih urang pribumi.
- Ngadengeeun kasauran, Walanda teh jigana meureun ngarti, manehna teh ngambek terus, siga keuheul kacida, ngo-
22