Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    mongna ge hohoak ngosom teu puguh, poporongos nyingsieun an, pestolna dikupat kapit.
  1. Eh maneh teh kurang ajar, wani ngomong matak nyeri Kumpeni, dasar maneh urang kampung, teu nyaho balad urang, nu garagah hirupna wungkul keur tarung, awas maneh ke ku urang, cara sato rek dibedil.
  2. Anjeun teh bet kawas buta, Kangjeng Dalem nyaur teu pisan gimit, ngomong garam-gerem kitu, bari cacalawakan, jiga pisan rek ngalegleg jeung ngeremus, atuh kula ge jelema, boga ajen harga diri.
  3. Walanda teh beuki ngentab, beungeut beureum ngambek beuki kaciri, molotot sarta merengut, lir beungeut Dursasana, pok marentah supaya Dipati Ukur, gancang tangkep jeung baturna, ulah diengkekeun deui:
  4. Sabot Sersan keur marentah, ngan sakilat rikat Kangjeng Dipati, pestol nu diucang-acung, kacepeng ku anjeunna, ana gubrag Sersan labuh mani ngusruk, tikosewad tina kuda, nyium embel mani nyengir.
  5. Baladna kabeh kasima, nu rek nangkep atuh ngaregog deui, tinggal hookeun baringung, nenjokeun komandanna, ngajurahroh jiga nyeri gerang-gerung, dina embel nu jukutan, basana henteu kaharti.
  6. Dalem Ukur sarencangna, enggal ngejat tebih ti nu patroli, saurang aya nu maju, pedangna enggeus ngabar, diheumbatkeun ti tukang ka Kangjeng Ukur, kareret ku Suranangga, nu harita taki-taki.
  7. Sabot keur ngulang ka tukang, ku Ki Sura pigeulangna digitik, pedangna nepi ka ngapung, ngabelesat ka tukang, ana guprak bet ngababuk hulu batur, karunya mani darewang, tiluan marandi getih.
  8. Tiluan patinggaroak, da mokaha raheutna henteu leutik, getihna mani ngalucur, nu Saurang beungeutna, nu duaan sirahna anu taratu, nu sejenna lalumpatan, galimir ku Senapati.
  9. Bangsa Jepang nu saurang, serebet teh ngudag mani nyirintil, rek nubruk Dipati Ukur, arek ngadek ti tukang, Jayeng-
23