Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    rono teu cicingeun gancang muru, rikat malikeun kudana, gabrug ditubrukeun gasik.
  1. Kawasna mah eta Jepang, bisa silat cungcat-cingcetna tapis, Jayengrono rada rusuh, nyentok eles kudana, kuda nanjeur bleg bae jelema nangtung, manehna ngolosod ragrag, ngan untung henteu tiguling.
  2. Hadena nangtung ragragna, ngan sukuna ngabelesek saeutik, kana leutak rada tuhur, sasemet mumuncangan, tapi alus ragrag jiga meunang ngatur, lir nu pasang kuda-kuda, sayaga keur lawan jurit.
  3. Keur kitu Jepang teh ngudag, serenteng teh henteu tata pasini, gobangna geus meunang nyabut, nyabet dibabuk lalay, Jayengrono lain jelema kumumu, loba luang tukang perang, pangkatna ge Senapati.
  4. Barang gabrug rek ditewak, manehna teh geus ngagilek ka gigir, jeung nyeta-nyeta nu labuh, karunya nu narajang, ana gabruk ngan ngarontok bangkong wungkul, beungeut mubuy kana leutak, leungeun mebes kabeh leungit.
  5. Ku Ki Jayeng ditumpakan, ditindihan hantem teu bisa budi, pundukna diengkuk-engkuk, Jepang guguring jalan, ngan karunya taya keur panahan suku, geus tipetek kana leutak, teu bisaeun usik malik.
  6. Sirahna ge mebes pisan, tur eungapeun teu walakaya deui, kawas nu ngan kari ngubur, jiganu geus palastra, nu sejenna ngaburiak terus mundur, sarieuneun Suranangga, ngalugas pedang nu lancip.

Durma

  1. Dalem Ukur ningali dua pahlawan, Senapati warani, anu darigjaya, tur leber wawanenna, imut manis bari muji, dina manahna, nuhun ka Maha Suci.
  2. Teras nyaur ka komandan ti Walanda, anu geus nangtung deui, nyusutan bajuna, meresihan calana, urut labuh nyuksruk tarik, pinuh ku leutak, beungeut beureum muringis.
  3. Tah kumaha karep anjeun teh ayeuna, nangkep kaula jadi, pek ayeuna pisan, bisi rek ditalian, cing kaula hayang
24