Ieu kaca geus divalidasi
- nguping, ngan lamun moal anjeun nu nyandang tali.
- Itu tenjo balad Walanda lalumpat, geus taya anu wani, ngan anjeun sorangan, ku kula diayonan, pek pilih hirup jeung mati, bisi hanjakal, geura pikir nu lantip.
- Kurang ajar ceuk komandan bedas pisan, Mataram tukang ngacir, jelema borangan, tinggal maneh jeung urang, lamun enya wani jurit, tong tumpak kuda, sarta ulah ngabedil.
- Dalem Ukur teras lungsur tina kuda, kalawan gasik singkil, pestol ku rencangna, di cekel ku Ki Sura, ti dinya maju saeutik, nyaketan Sersan, teuneung ludeung teu gimir.
- Naha anjeun masih keneh panasaran, ka kula nangtang jurit, hayu diayonan, sakumaha kahayang, malahan mah hayang sidik, urang Walanda, ngaku garagah wani.
- Hayang yakin jajaten urang Walanda, dina der perang tanding, diadu hareupan, kaula hayang mecak, hayoh geura gancang singkil, mun enya gagah, geus ngaku ahli jurit.
- Kurang ajar kawas maneh anu gagah, urang bet henteu ngarti, eta teh kumaha, geus ngarebut senjata, jeung mani henteu kaciri, ku gancang pisan, maneh teh kumawani.
- Montong heran kapan anjeun tukang perang, naha balangah teuing, ayeuna kumaha, naha_ terus ngalawan, saur Pangeran Dipati, angguk-anggukan, ngalirik ka Kumpeni.
- Sersan ngambek bari tuluy ngadeukeutan, teu antaparah deui, heat teh peureupna, nu sakitu buleudna, ditonjokkeun mani tarik, nu dijojona, raray Kangjeng Dipati,
- Mun beunang mah ku tada teuing bengepna, tangtu boborot getih, untungna nyalahan, ngan ukur nonjok hawa, leungeun Sersan geus kacangking, lebah pigeulang, rikat Kangjeng Dipati.
- Ngadegna teh geus aya gigireunana, nyepengna henteu tarik, jiga nu lumayan, terus bae ditongtak, ukur dicentok saeutik, ku henteu pira, Sersan ngajerit tarik,
- Mana horeng geus tibeubeut tarik pisan, jiga anu tibanting, labuhna nangkuban, Sersan teh gogoakan, ceurik kubawaning nyeri, bet kawas budak, ngudupung henteu usik.
25