Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Nu keur nyuuh ku Anjeunna dicaketan, bajuna prak ditarik, bari jeung diangkat, dijungjungkeun meueusan, supaya jung nangtung deui, Sersan teh hudang, maksakeun najan nyeri.
  2. Saur Dalem geus kieu anjeun kumaha, arek ngalawan deui, Sersan teu nembalan, tapi masih amarah, sanajan awak nyareri, beungeut barabak, tetep bae umaing.
  3. Kumis baplang ayeuna mah rada ngambay, cokrom nutupan biwir, geus henteu diusap, anggur kek hulu pedang, serepet dipesat gasik, gugurilapan, paur anu ningali.
  4. Ana hiuk disabetkeun tarik pisan, kesit Kangjeng Dipati, salira ngagiwar, pedang sidik ngaliwat, Sersan ampir labuh deui, jajarigjeugan, nyabetna tarik teuing
  5. Kangjeng Dalem Sersan teh pek diheureuyan, saurna imut manis, kade euleuh geuning Sersan, naha bet pupuasan, ulah labuh deui, bisi ngagoak, heug ceurik cara tadi.
  6. Nu keur ngambek hayoh make diheureuyan, atuh beuki mudigdig, ku tina ambekna, ku leungeun duanana, pedangna dibubat-babit, ngababi- buta, henteu dipikir deui.
  7. Kangjeng Dalem ku rikat cungcat-cingcetna, Sersan beuki teu ngarti, lir nyabet kalangkang, nu kulupat-kolepat, antukna ngarasa pusing, cape sorangan, napasna nyenen kemis.
  8. Ahirna mah beuki lila beuki eungap, kesangna lir nu mandi, geus jojolongjongan, jiga nu mabok arak, teu beda jeung nu teu eling, prak dirapetan, ditinjel lebah pingping.
  9. Di kitu teh pedangna ngaguprak ragrag, Sersan nambru tibanting, henteu walakaya, lir kapas kaibunan, ngeper leuleus tulang sandi, handapeun lontar, euweuh pisan bubudi.
  10. Ku Dipati Sersan tuluy dicaketan, pedangna pek dicapit, ku sampeanana, anjeunna sasauran, bari teu lesot ningali, Sersan nu gagah, pek geura hudang deui.
  11. Naha geuning jigana ngajak enggeusan, moal rek maju deui, kapan tukang perang, wet Sersan teu ceehan, henteu cara keur mimiti, siga rek ngakan, cing ka dinya sing eling.
  12. Aduh ampun henteu bisa walakaya, bari hudang ngulisik, diuk lalaunan, ngambekan runghap-renghap, bawaning

26