Ieu kaca geus divalidasi
- ku cape teuing, napasna eungap, hese rek usik malik.
- Lamun Sersan ngaku eleh geus teu kuat, moal ngalawan deui, geus jadi boyongan, ku kaula dibawa, tangtu meunang hukum adil, bongan cucungah, ngahina ka pribumi.
W i r a n g r o n g
- Urang awak teh nyareri, sarta leuleus na kunaon, karasa sabuku-buku, mani hese usik malik, jeung rek dibawa ka mana, omat ulah dipaehan.
- Ngomong jiga teu dipikir, tembong sieun mani ngompod, bari jongjon bae diuk, nguhkul tungkul lir nu isin, nyangsaya na tangkal lontar, nyarande nyanghunjar lambar.
- Kaula ka Sersan jangji, moal rek dinaon-naon, saratna sing kudu nurut, ulah baha lanca-linci, geura hudang urang mangkat, bisi poekeun di jalan.
- Sersan nenjo larak-lirik, kunyam-kenyom arek ngomong, ngajurungkunung rek nangtung, karek jung brek diuk deui, jigana teh teu kaduga, taya tangan pangawasa.
- Awak teh masih nyareri, tuur leuleus tur nyorodcod, ngaleper teu bisa nangtung, beuki heran teu kaharti, ngomong bari dumareuda, teu eureun aduh-aduhan.
- Nu nenjo kabeh caricing, baturna pada olohok, katingalna teh baringung, saurang taya nu wani, ka Sersan ngadareukeutan, sumawonna mun nulungan.
- Nu matak henteu warani, maranehna teh barengong, lalajo Dipati Ukur, majar teh jelema sakti, lengoh teu nyandak pakarang, ngawonkeun nu mawa gobang.
- Walanda ngaku geus ahli, dina perang ngadu rempon, warugana gede jangkung, ngagunaken pedang lancip, diulinkeun diheureuyan, teu bisa majar kumaha.
- Antukna nambru tiguling, awak leuleus tur rampohpoy, kawas nu dipupul bayu, culak-cileuk lir nu isin, rempah rempih cimataan, ahirna jadi boyongan.
- Ngan Suranangga nu ngarti, kaduana Jayengrono, kawantu ngalaman tarung, geus ngalawan ngadu jurit, henteu bireuk kasaktenna, satria Sunda utama.
27