Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Nu sejen lebeng teu ngarti, bangsa Jepang leuwih angot, Cina oge tangtu kitu, urang Batawi ge sami, ngan bati heran nu aya, henteu narepi akalna.
  2. Teu nyahoeun elmu gaib, wedalan ti Wali Songo, anu kamashur geus lepus, wewesen elmuning wasis, sok disebut pileumpeuhan, kaduana pangabaran.
  3. Tah ieu lamun kabeuli, dijabah ku Yang Manon, perbawa matak lumpuh, wawanen musuh teh leungit, leuleus leumpeuh tuna daya, nu matak loba nu heran.
  4. Sanggeus sidik katingali, Sersan nu gagah teh reyod, tuluy ku Dipati Ukur, tarangna enggal digaris, ditetel indung panangan, palebah pancasonana.
  5. Ngadadak ngorejat deui, hudang nangtung bari melong, tanagana timbul kumpul, ceuk manehna teu kaharti, urut sakitu leuleusna, ayeuna ngarasa jagjag.
  6. Gogodeg bari jeung seuri, Sersan teh tidinya ngomong, duh juragan Sunda ampun, rumasa geus eleh jurit, ayeuna arek sumerah, kumaha Juragan Sunda.
  7. Dawuhan Kangjeng Dipati, geuning Sersan teh ku tolol, ngaran mah Dipati Ukur, kaula jadi Bupati, ari Sunda ngatan bangsa, di daerah tatar Sunda.
  8. Jigana meureun kaharti, da terus manehna ngomong, bari hormat rengkah-rengkuh, hapunten Kangjeng Bupati, ulah jadi bendu manah, ku margi teu acan terang.
  9. Ayeuna Kangjeng Dipati, bilih bade ngaborogod, moal baha asal hirup, sareng nu sanesna deui, supados sami sumerah, seja hormat ka Pangeran.
  10. Kangjeng Dipati ngalahir, Sersan moal diborogod, mun aranjeun unduk taluk, ayeuna mah urang indit, meungpeung masih rada beurang, sugan moal kapoekan.
  11. Barang sanggeusna tarapti, teu seueur deui carios, tuluy indit mani ngabrul, samemeh indit diantri, rek neraskeun perjalanan, ngajugjug ka pasanggrahan.
  12. Pangheulana Senapati, kapetengan Jayengrono, jeung Suranangga ti payun, dina kuda tingbaligbrig, anu jadi tuduh jalan, sarta jeung jadi pangawal.
28