Ieu kaca geus divalidasi
- Ditema pihak kumpeni, nu harita geus diboyong, ngagarondeng anu tatu, Jepang nu teu eling-eling, anu dilelepkeun tea, digarotong ku baturna.
- Teras Pangeran Dipati, ngarendeng jeung Sersan tolol, naritih kuda ti pungkur, nu tadina jebras-jebris, ayeuna mah henteu bedang, sagala nurut nu aya.
- Di jalanna teu kawarti, wanci tunggang gunung anjog, ka pasanggrahan carunduk, wetaneun kota Batawi, mun leumpang mah ngan dua jam ti Dayeuh teu pati anggang.
- Pasanggrahan Adipati, ayana di tengah kebon, diriung tangkal jarangkung, handapeun tangkal kacapi, tempat nyumput buni pisan, keur pasanggrahan mah aman.
- Jayengrono nu mimiti, sup asup ka jero kebon, Bahureksa keur ngariung, jeung putrana keur lalinggih, putrana anu duaan, jadi ajudan ramana.
- Jayengrono pok wawarti, di payun parantos jonghok, Pangeran Dipati Ukur, ku abdi Dalem kairing, Bahureksa pok miwarang, supaya lalebet enggal.
- Dina gok silih tingali, Bahureksa lir nu sewot, jamedud jiga nu bendu, tur pasemon keding hangit, komo deui putrana mah, socana pating darilak.
- Jiga nu masih neuteuli, waktos putrana ngadongdon, pedah Adipati Ukur, keur diala nu mimiti, panyaur teu di cumponan, harita teu kersa angkat.
- Samemeh diangken linggih, henteu kersaeun ka jero, ngajanteng bae di payun, barang disauran linggih, anjeunna enggal ngunjungan, ka Pangeran Bahureksa.
- Ka putrana kitu deui, aneh taya nu nyarios, ukur silih teuteup wungkul, pada matek elmu gaib, petana sewang-sewangan, keur ngaradu kakuatan.
- Nu rek bedang wet tibalik, kabandang manahna asor, ngaraos kawon pangaruh, Bahureksa imut manis, pok ngalahir rintih pisan, nganggo basa nu merenah.
- Nuhun Kang Rai geus sumping, ayeuna patepang jonghok, kersa nepangan ti payun, ka dieu keresa linggih, pun Kakang teh gaduh maksad, ku hoyong babadantenan.
29