Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

II. PASALINGSINGAN PAHAM.
Asmarandana

  1. Dipati Ukur wawarti, ku basa nu lemes pisan nawiskeun manahna soleh, teu lesot jeung kahormatan, kieu saur anjeunna, hatur pinten-pinten nuhun, kana pangangken nu iklas.
  2. Kanggo pangersa nu suci, ngayakeun babadantenan, tata-cara anu sae, kanggo merangan Walanda, rai Dalem ngiringan, lintang ti sumeja tumut,estu ieu nu diteda.
  3. Ku bawiraos peryogi, matotoskeun jalan perang, pamendak nu langkung paos, supados sapamadegan, nu keuna sairama, ngagempurna rempug jukung sauyunan dina nyerang.
  4. Sumuhun leres katampi, nu dimaksad ku pun Kakang, ieu teh jalan nu sae, tegesna sabilulungan ulah ayah pasukan, nu mawa karep teu puguh, nu temahna matak ruksak.
  5. Nyaur kitu imut manis, Adipati Bahureksa, manahna raos molongpong, ngagalasar, karaosna, katampi ku anjeunna, kasauran Dalem Ukur, nu sakitu tumamprakna.
  6. Kangrai mugi tingali, Sultan Agung ti Mataram, waktos Kakang bade mios, maparin kapercantenan, nu mingpin peperangan, dina prungna mundur unggul, Kakang anu tanggel jawab.
  7. Bingah anu tanpa tanding, Raka Dalem pamingpinna, kapercanten ku Pagusten, kahormatan agung pisan, Rai Dalem ngiringan, pilahir Dipati Ukur, jiga anu ngandung maksad.
  8. Kahayang Kakang pribadi, sadaya bala bantuan, pasrahkeun ka Kakang bae, nu dipalar sagemblengna, dina cepengan Kakang, ngahiji supaya campur, antara Sunda jeung Jawa.
  9. Rai Dalem hayang nguping, anu jadi kawajiban, dipaparin damel naon, upami sadaya balad ngahiji sagemblengna, pisaur Dipati Ukur, katingal jiga nu heran.
  10. Entong seueur nu digalih, Kangrai ngabantu Kakang,
  11. 31