Ieu kaca geus divalidasi
- prajurit hijikeun bae, diserenkeun ka pun anak, Pahlawan nu duaan, ka Citrareksa Tumenggung, sinareng ka Adireksa.
- Upami balad ngahiji, pingpinan kakawasaan moal timbul recok-recet, sareng pasalia paham, nu mawa kareksakan, miceunan tanaga wungkul, sareng bahan alat perang.
- Ku Rai Dalem katampi, saleresna kitu pisan dawuhan Raka Dalem teh, mung dina sae awonna, tacan kantenan nyata, wangwangan rancangan wungkul, dina prakna sok sulaya.
- Piraku asa mustahil, Adipati Bahureksa, nyaur rada nyereng sewot, tinangtos baris beresna, asal nu diparentah, satia tumut satuhu, teu baha kana pingpinan.
- Mugi teu lepat panggalih, estu henteu pisan pisan, gaduh sangka anu awon, kana kasantikan putra, lebeting bitotama, Rai Dalem teu takabur, ngurus prajurit teh sesah.
- Kakang teu ngartos ka Rai, naha ku naon margina, Senapati ti Jawa teh, saperti pun anak pisan, dianggap teu tiasa, kangge mingpin nu ngabantu, prajurit golongan Sunda.
- Dipati Ukur wawarti, ku basa nu tatag pisan, tangtos kana sesahna teh, ku jalaran teu sajiwa, sinareng teu carasa, nu ngatur jeung nu diatur, estuning patebih pisan.
- Tetebiheun ti mo nampi, golongan prajurit Sunda, ka nu baris mingpinna teh, mung upami teu sarasa, sinareng teu sajiwa, teu kantenan najan tumut, puraga tamba kadengda.
- Sanes tumut ku gumati, dasarna taat satia wedi asih iklas hate, medal tina karidoan, upami kumawula, nanging mung kapaksa wungkul, ngijing sila bengkok sembah.
- Sumangga bae digalih, dina leresan basana, putra nu bade mingpin teh, teu iasa basa Sunda, mangkaning penting pisan, sok komo kanggo nu ngatur, kedah langkung tabah pisan.
- Kitu deui nu dipingpin, urang Sunda seuseueurna, basa Jawa teu ngalartos, nu dipingpin teu tiasa, nu mingpin henteu paham, jiwana moal patepung, komo deui rasana mah.
- Anu mingpin nu dipingpin, mo tiasa tepang rasa, ku
32