Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    margi kapan basa teh, kalebet gambaran rasa, nu jadi kayakinan, upami rasa teu tepung moal aya kaiklasan.
  1. Ngadangu anu wawarti, Adipati Bahureksa, sakedap melengek bae, katara dina budina, kawas henteu sugema, bendu ka Dipati Ukur, ana pok teh sasauran.
  2. Pamadegan ti Kangrai, Kakang henteu ngarempagan, talajak kitu teu sae, jiga nu hayang macakal, mawa karep sorangan, ka Kakang jiga mo nurut, rek misah sewang-sewangan.
  3. Dalem Ukur imut manis, bari teras sasauran. sumeja balaka bae, rai Dalem teu tiasa, ngarempagan pangersa, jalaran henteu kaemut, baris pisaeeunana.
  4. Saliwatan ge kaharti, geus kasinggung kalungguhan, Pangeran Bahureksa teh, geus beuki tambah benduna, enggeus ilang duduga, asal lemes ganti lagu, ahirna mah nyugak pisan.
  5. Mun kitu tetela sidik, anjeun lain rek mantuan, tapi boga niat goreng, rek ngamusuh jeung merangan, meureun rek babarengan, jeung Kumpeni rek samiuk, rek ngajajah ka Mataram.
  6. Dipati Ukur ngalahir, henteu robah ganti lagam, sanajan geus diceceleh, dihina luar biasa, henteu kasar suaban, tengtrem ayem teu angguklung, basana tetep merenah.
  7. Raka Pangeran Dipati, Rai Dalem tetep nolak ku margi henteu kahartos, teu rumaos gaduh maksad ngamusuh ka Mataram, sok komo kudu samiuk, ngahiji sareng Walanda.
  8. Saksi bumi sareng langit, seja sumpah ka Pangeran, ka Nu Murbeng Alam kabeh, salamina kumelendang, moal sabilulungan, tebih ngahiji ka musuh, sok komo bade ngajajah.
  9. Margina tangtos kagalih, ngaran-ngaran nu dijajah, sanajan ku saha bae, Rai Dalem moal nyerah, sanes jalma beulian, jiwa Sunda lulus mulus, teu dijajah moh ngajajah.

Wirangrong

  1. Barang Pangeran Dipati, Kangjeng Dalem Bahurek-sa, nu keur bendu ngagugudug, ngadangukeun nu wawarti, anu sakitu tandesna, pasemon jadi marahmay.
33