Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Bet ngadadak amis budi, lir seuneu hurung diceos, daya aji Kangjeng Ukur, tirta maya lebet batin, perbawa seuneu musna, Bahureksa sasauran
  2. Kakang teh Rai Dipati, bet hilap nembe karaos, reh tadi henteu ngagugu, nyarios henteu dipikir, rumaos kirang emutan, nyanggakeun kalelepatan.
  3. Dipati Ukur ngalahir, ku Rai Dalem kahartos, sawangsulna ulah bendu, jalaran ngaleuleuwihi, ingkar tina subasira, sihhapunten nu diteda.
  4. Kumaha pangersa Rai, sangkan tiasa patotos, silih angkat silih jungjung, lebeting ngusir Kumpeni, cobi Kakang neda warta, hayang ngupingkeun kapalay.
  5. Ku Rai Dalem katampi, sanajan samporet waktos, sumeja bade dijujut, mung bawiraos peryogi kauninga para putra, sareng Pahlawan sanesna.
  6. Leres urang saur gasik, supados sadaya ngartos, jalanna ngagempur musuh, antosan mo lami deui, tinangtos baris darongkap, lajeng bae miwarangan.
  7. Bari nunggu nu sarumping, Adipati Bahureksa, nalengteng Dipati Ukur, mariksa ti mana kawit, dugi kana kumawula, jadi Pahlawan Mataram.
  8. Daradad Kangjeng Dipati, anjeunna muka lalakon, ti awal dugi ka tutug, dongkap ka anjeunna mulih, ngantun Sri Sultan Mataram, lajeng ngabujeng Pasundan.
  9. Kajadian nu parenting, patali jeung Ronggonoto, henteu pisan dipisaur, bubuhan suci beresih, teu wasa upat sinuat, tara ngagulkeun sorangan.
  10. Sakawitna teu kagalih, ku Pangeran Bahureksa, salira Dipati Ukur, sinatria nu lineuwih, seke seler Pajajaran, teu katawis urang Sunda.
  11. Ku jalaran katingali, na rengkuh sareng nyarios, estu teu benten sarambut, nambleg urang Jawa asli, teu ngaharib urang Sunda, anu matak kasamaran.
  12. Kocapkeun teu kantos lami, sadayana nu diantos, Senapati geus karumpul, merenah hempak caralik, dipayuneun Bahureksa, Suranangga oge aya.

34