Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Bahureksa pok ngalahir, sowantenna leuleuy halon, nu matak kabeh disaur, ieu Pangeran Dipati Rahaden Wangsataruna, bade medar bab siasat.
  2. Siasat urusan jurit, supaya urang teu nolog, tata cara dina ngatur, pasang peta dina tanding, keur ngusir urang Walanda, sumangga geura ngawitan.
  3. Ngawitan Kangjeng Dipati, nyandak gambar tina kantong, ari breh teh mani pinuh, gambarna kota Batawi, kenging ngadamel anjeunna, Jurutelik nu laporan.
  4. Diterangkeun hiji-hiji, tempat Kumpeni nu tembong, kakuatan pihak musuh, bentengna anu parenting, kitu deui panjagaan, keur nanya nu lalarliwat.
  5. Pamungkas anu kawarti, Dipati Ukur nyarios, anu mangrupakeun usul, keur ngusir kaum Kumpeni, balad Jawa narajangna, ti beulah kaler jeung wetan.
  6. Balad Sundamoal cicing, sarua rek paeh poso, ngajorag ti kulon kidul, Kumpeni rek dibeberik, kidul kulon kaler wetan, ku urang kakurilingan.
  7. Sanggeusna asak badami, Adipati Bahureksa, Senapati jeung Tumenggung, para pahlawan nu ngiring, kana usul nyaluyuan, tuluy netepkeun waktuna.
  8. Ari anu katingali, rada baluar-baleor, jeung rea ngasongkeun usul, pangpangna ti Senapati, Adiraksa Citrareksa, henteu sami pamadegan.
  9. Dumeh ngarasa katitih, kauninga eleh jero, babakuna bab pangaruh, perkara tataning jurit, kaelehkeun kapinteran, luang paham pangalaman.
  10. Pangpangna nu paling sulit, nyawalakeun nu kaboyong, candakna Dipati Ukur, Kumpeni anu kacangking, kahoyongna Citrareksa, boyongan teh dipaehan.
  11. Margina sidik geus bukti, jarahatna teh katembong, tapi ku Dipati Ukur, diwagel tong dipateni, lantaran kitu teh ingkar, tina tata peperangan.
  12. Citrareksa muril kumis, pok nyaur jeung poporongos, atuh ari lembek kitu, rea omber ka Kumpeni, pimanaeun bisa meunang, lawan moal mika serab.
  13. 35