Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sinatria nu lineuwih, ningali nu poporongos, Kangjeng Adipati Ukur, henteu ngalawanan bengis, mesem ayem tetep sopan, pok ngawalon lalaunan.
  2. Pamugi ulah rek lali, sanes kedah lembek asor, mugi emut kana hukum, hukum perang tata jurit, henteu kenging ngabinasa, musuh nu serah bongkokan.
  3. Citrareksa nyaur deui, kumaha lamun ngaleos, atawa lumpat malabur, sarta bisa balik deui, ngahiji reujeung baturna, rusiah urang kabongkar.
  4. Tawanan kudu dijagi, sangkan ulah bisa lolos, pisaur Dipati Ukur, lamun maksa nyobi-nyobi, rek minggat tina tahanan, nembe kenging dipergasa.
  5. Tumenggung ngagakgak seuri, mung tetela seuri sombong, ngahina Dipati Ukur, lamun kitu matak pusing, urang nyanghareupan perang, jeung ngajaga patalukan.
  6. Mending ge gancang dibasmi, ka urang moal rek nembrong, musingkeun saumur-umur, ngalobakeun gawe kulir, katambah kudu maraban, ka musuh anu jarahat.
  7. Sanajan Kangjeng Dipati, jelema nu handap asor, dihina mah timbul bendu, pok misaur rada bengis, ambeu Raden Citrareksa, singhoreng dugi ka dinya.
  8. Ari palay wareg meuncit, henteu kedah poporongos, engke bae dina tarung, beakkeun kabeh Kumpeni, entong aya anu nyesa, nepi ka getih-getihna.
  9. Boyongan kaum Kumpeni, nu ayeuna tembong jonghok, ku kaula rek dibantun, bilih di dieu mah heurin, pacuan dirogahala, sabab tanggungan kaula.
  10. Bahureksa teh ningali, Dipati Ukur nu sewot, anjeunna gancang misaur, maksudna mah meureun nyapih, paur ka nu jadi putra, bok bilih kawiwirangan.
  11. Raden Tumenggung tingali, pacuan didamel abot, adu renyom kudu padu, andika tong ngiring pusing, sanggakeun ka nu kagungan, da puguh boyonganana.
  12. Citrareksa lir nu isin, merengut bawaning dongkol, gudad-gadeud tuluy nangtung, leos bae terus indit, kekerot bari jeung ngancam, saurna matak hanjakal,
36