Ieu kaca geus divalidasi
III. NGABELA KAHORMATAN
Pangkur
- Barang rempagan rek bubar, jol teh Sersan ka lebet teu permisi, beungeut geuneuk bangun rusuh, diiring ku nu jaga, kadengena manehna rek menta tulung, gorowok awong-awongan, nyaur ka Kangjeng Dipati.
- Kuring teh arek nepangan, hayang ngomong sareng Kangjeng Dipati, nu aya katingal bingung, hareugeueun hareran, jung narangtung taki-taki rek malundur, bisi aya huru-hara, tur nimbulkeun mandi getih.
- Ngan Pangeran Bahureksa, Dalem Ukur Suranangga nu cicing, Jayengrono nu teu nangtung, calik bae teu robah, nu sejen mah nenjo Walanda nu jangkung, borongongong tur buringhas, culang cileung rek arindit.
- Dipati Ukur nyaketan, henteu gugup pok nyaur sarta rintih, Sersan aya naon kitu, pang datang ka kaula, geuning eta kawas nu aya kabingung, sing bener geura nyarita, Sersan teh pok ngomong deui.
- Kuring teh heran kacida, Pangeran teh naha bet jalir jangji, kapan tadi teh geus nyaur, kuring teh ngan ditahan, tapi itu prajurit arek ngarepung, hawatir sok sieun tiwas, henteu bisa balik deui.
- Dalem Ukur ngawaleran, pok ngalahir bari jeung imut manis, Sersan ulah arek bingung, sing percaya ka kula, kaula mah mo lanca linci teu puguh, ngabohong sawenang-wenang, sarta jalir kana jangji.
- Sabenerna ceuk kaula, anjeun moal arek disisi kudi, sok komo dihukum gantung, asa ku pamohalan, pokona mah asal sumerah tur nurut, ditanggung mo kuma onam, hayu bae urang indit.
- Adipati Bahureksa, jigana mah ngaraos rada risi, ngawagel Dipati Ukur, ulah waka rek angkat, ku lantaran harita geus
37